Karawang, Kiwari.co.id – Kepolisian Resor (Polres) Karawang ngerewed opat kasangka pangoroyokan pati, Supriatna (50). Mayit warga Cimahi, Jawa Barat éta kapanggih di hiji kebon di Majalaya, Karawang, saréngséna dikoroyok alatan maok. Kepala Satuan Reserse Kriminal (Satreskrim) Polres Karawang, AKP Abdul Jalil nyaturkeun sanggeus meunang laporan panelimuan mayit, pihakna ngajugjug lokasi, Salasa (19/3/2024).
Layon korban satuluyna dibawa ka RSUD Karawang pikeun diautopsi.
Sanggeusna dibéwarakeun lengkep katut ciri – cirina, aya barayana anu datang tur muguhkeun yén éta kulawargana. Korban ngaranna Supriatna, warga Kota Cimahi. Pulisi terus ngalakukeun saruntuyan panyalidikan, mimiti tina pamariksaan CCTV tepika pamariksaan saksi-saksi.
Tina rekaman CCTV, kaduga palaku aya di sakitar tempat kajadian perkara (TKP) tur sempet ningali saksi. Kaaaup panyalidikan di wilayah Bandung Kulon, Kota Bandung, di mana Supriatna terdeteksi kungsi aya di wilayah éta.Di wilayah éta ogé aya insiden pangoroyokan.
“Kemudian kami melakukan penangkapan, ada sekitar enam orang yang kami amankan awalnya,” ceuk Abdul mangsa méré panétélaan pers di Mapolres Karawang, Senén (25/3/2024).
Tina genep urang ieu, opat di antarana diduga neunggeul kasangka. Kaopat urang éta nyaéta 3 dewasa jeung 1 budak. Kaopatna nyaéta RS (17), MA (23), MAH (21), jeung RK (26). RS, MA, katut MA magrupakeun karyawan toko. Sedengkeun RK nuboga toko. Maranéhna dicerek dina Saptu (23/3/2024) sakitar tabuh 16.30 WIB di wewengkon Cigondaweh Kaler, Bandung Kulon, Kota Bandung. Abdul nyebutkeun, Supriatna dikoroyok lantaran diduga arék maok dua kardus mi instan. Saprak asup toko, dina Senén (18/3/2024), gerak-gerik Supriatna dianggap nyurigakeun saprak asup ka toko mimiti. Tepika akhirna Supriatna asup ka toko kadua anu babarengan jeung milik RK.
Ilaharna nu meuli asup ka jero toko, mayar, kakara nyokot mi instan anu aya di luar toko. Anapon Supriatna langsung ngasupkeun kana troli. Supriatna satuluyna diinterogasi, dibawa asup ka jero imah. Manéhna diteunggeulan maké leungeun. Dina tabuh 17.30 WIB, Supriatna dibawa kukurilingan saméméh akhirna dibawa ka Karawang.
Mangsa diangkut kana jero mobil, Supriatna hirup kénéh. Tapi mangsa dipanggihan warga jeung arék ditulungan, korban maot.
“Ada saksi yang melihat korban pada saat dibawa keluar rumah itu udah sempoyongan, diangkut (ke mobil),” pokna.
Tina leungeun para kasangka, polisi ngajabel sajumlah barang bukti. Di antarana telepon genggam, dompet, karpet, baju, jeung CCTV.
Ku alatan kalakuanana, para kasangka dijiret Pasal 170 ayat (3) jeung atawa Pasal 351ayat (3) KUHP Pidana ku ancaman hukuman bui salila 12 taun.
Kontributor – Agus Rohmat
Ropéa Basa – RB