Bandung, Kiwari.co.id – Salah sahiji bioskop pangkolotna di Bandung, anu kahadiranana geus ngaguratkeun sajarah anu kawilang panjang.
Malahan mah ieu bioskop téh ngajadi saksi sajarah pamuteran film munggaran di Indonesia harita.
Ngan, sok sanajan geus diwangun ti taun 1920-an, tapi wangunan bioskop pangkolotna di Bandung ieu téh tétéla masih kénéh ngadeg kalayan tohaga nepika kiwari. Ngan, ieu bangunan téh geus dialihfungsikeun ngajadi wangunan séjén.

Perenahna wangunan bioskop anu mibanda gaya néo-klasik ieu téh aya di Jalan Braga No. 1, Braga, Kacamatan Sumur Bandung, dayeuh Bandung Jawa Barat.
Bioskop pangkolotna ieu téh dirancang ku Prof Ir Charles Prosper Wolff Schoemaker kalayan nyuhun gaya art deco atawa anu kasohor kaléng biskuit.
Bioskop anu diwangun taun 1920-an ieu ogé kungsi ngalaman parobahan ngaran sababaraha kali, ari munggaran ngadeg mah ngaranna Concordia Bioscoop. Tuluy ngalaman parobahan ngaran jadi Oriental Bioskop sarta Bioskop Dewi. Anu satuluyna robah deui jadi Majestic tug tepi ka kiwari.

Kiwari ieu bioskop téh dipiwanoh ku ngaran De Majestic tur jadi tempat anu cukup kasohor utama di kalangan Belanda. Ngingetkeun dina mangsa harita éta lelewek Braga téh jadi puseur aktivitas balanja anu saukur keur kaom elite Eropa.
Henteu sakumaha bioskop zaman ayeuna, tétéla bioskop ieu mah baheulana saukur muka dina tabuh 19.30 tepi ka tabuh 20.00. Malahan mah paraturan anu diterapkeunna ogé harita nyaéta misahkeun antara panongton awéwé jeung penongton lalaki.
Salian ti éta bioskop ieu téh jadi saksi sajarah pamuteran film munggaran Indonesia nyaéta anu judulna “Loetoeng Kasaroeng” anu bisa medal dina taun 1926.

(KOMPAS.com/BAGUS PUJI PANUNTUN)
Kiwari kalayan tohaga ieu wangunan bioskop pangkolotna téh masih karawat, sanajan geus malihfungsi jadi gedong kasenian jeung kabudayaan. Malahan mah wangunan ieu téh remen jadi tempat pagelaran musik sarta pamentasan tari tradisional jeung modern, katut lianna.
Ropéa basa: Agus Rohmat