DPRD Kabupatén Bandung Barat geus ngusulkeun tilu ngaran Penjabat
(Pj) Bupati pangganti Hengky Kurniawan ka Kementerian Dalam Negeri (Kemendagri).
Pikeun dipikanyaho, mangsa jabatan Hengky Kurniawan salaku Bupati Bandung Barat baris réngsé bulan hareup. Samentara wates ahir panyetoran ngaran-ngaran calon pangganti Hengky Kurniawan nyaéta 9 Agustus 2023.
Ketilu ngaran anu diusulkeun téh di antarana Sekda Bandung Barat Ade Zakir Hasim, Kepala Dinas Sosial Jabar, Dodo Suherman, jeung Kadisdik Jabar Wahyu Mijaya.
“Tiga nama tersebut diputuskan dalam rapat konsultasi pimpinan DPRD Bandung Barat dan para pimpinan fraksi lalu disampaikan dalam rapat Badan Musyawarah (Banmus),” ceuk Ketua DPRD Bandung Barat Rismanto, Rabu, 9 September 2023.
Rismanto ngajéntrékeun, usulan éta asalna ti fraksi katut aspirasi ti kalangan masarakat boh individu pon kitu deui kalembagaan. Intina, DPRD nampung sakur ngaran anu diusulkeun asalkeun luyu regulasi kudu pagawé Aparatur Sipil Negara (ASN) pantes sacara administrasi ogé sacara kapangkatan.
“Tiga nama tersebut diputuskan dalam Rapat Konsultasi pimpinan DPRD KBB dan para pimpinan fraksi lalu disampaikan dalam rapat Banmus,” jéntréna.
Diterangkeun Rismanto, kawenangan DPRD saukur dina tahap ngusulkeun tilu ngaran. Lantaran salian DPRD, Pemprov Gubernur ogé boga hak ngusulkeun tilu ngaran pikeun ngadiukan jabatan Pj Bupati Bandung Barat.
“Keputusan nama Pj Bupati seluruh merupakan kewenangan pemerintah pusat. Penentuan akhirnya ada di Kemendagri, apakah salah satu usulan DPRD atau tidak ada satu pun itu, sepenuhnya kewenangan Kemendagri,” ungkana.