DPRD KBB Ménta Tenaga Kerja Kontrak Ditanggeuhkeun

Padalarang-Kiwari.co.id Komisi I DPRD Kabupatén Bandung Barat ménta organisasi perangkat daerah (OPD) ngitung kabutuhan personel di widangna séwang-séwangan. Hal éta minangka panangkis (antisipasi) kana balukar tina pamusan tenaga kerja kontrak (TKK).
“Kami minta Sekda dan Kepala OPD mengkaji kebutuhan personel. Jangan sampai ketika TKK hilang mereka kelabakan, karena pekerjaan tidak ada yang menghandel,” ungkab Wakil Ketua Komisi I DPRD KBB Pither Djuandis.
Pither nganilé, meski tanaga kerja kontrak (TKK) ngabangbaluhan tapi teu sapamanggih mun kudu sakabéhna dipupusan. Sabab hal ieu kakait jeung pagawéan jeung kahirupan jalma.
Sahingga kudu aya kajian mana TKK anu bisa dipertahankeun lantaran mémang dibutuhkeun.
Tacan deui TKK anu geus ngabdi di saluhureun lima taun tur mibanda kompetensi hadé, sakuduna teu dileungitkeun. Sabab pamohalan dinas nangkea sakur pagawéan tanpa aya TKK, lantaran aya TKK anu ogé mibanda peran cukup vital.
Kiwari di Kabupatén Bandung Barat aya 3.600 TKK lobana anu kasebar di rupa-rupa OPD. Pemda kudu ngaluarkeun ancoan waragad (anggaran) cukup gedé tina APBD sakitar Rp125 miliar dina sataun.
Nilé éta samalah méh ngadeukeutan anggaran anu dipaké pikeun pangwangunan gedong DPRD anu anyar di Ngamprah.
“Kami berharap penghapusan TKK ini  ditangguhkan. Tinggal menyesuaikan saja dengan kemampuan daerah, karena kalau dipukul rata (dihapuskan) kasian masyarakat,” jéntrésna.

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan