Kiwari.co.id – Anyar-anyar ieu ngaran Rien Wartia Trigina atau Erin Taulany keur ramé digunemcaturkeun balaréa sanggeus inyana digugat pisah ku salakina, Andre Taulany.
Sakuma anu dipiweruh, Humas Pengadilan Agama Tigakarsa, Ummi Azma, ngajéntrékeun yén Andre Taulany geus ngajukeun gugatan pisah ka Erin Taulany dina 4 April 2024.
Tepika mangsa ieu alesan papisahan Erin Taulany jeung Andre Taulany masih ngajadikeun balaréa penasaran.
Ngan ti pihak Pengadilan Agama Tigakarsa wegah méré pangjéntréan tumali alesan Andre Taulany layangkeun gugatan pisah ka Erin Taulany.
“Untuk detailnya itu adalah kewenangan dari majelis hakim pemeriksa perkara, saya hanya bisa menjelaskan yang secara umumnya saja,” ceuk Ummi Azma dikutip tina video YouTube KH INFOTAINMENT.
Dumasar video YouTube Tribun Sumsel, Andre Taulany jeung Erin Taulany geus ngaliwatan 8 kali pasidangan, saméméh ahirna éta papisahan disatujuan.
“Sidang pertama digelar pada tanggal 25 April tahun 2024, lalu sidang kedua digelar pada 2 Mei 2024 dengan agenda memanggil tergugat,” jéntréna.
Sidang satuluyna kalayan agenda mediasi dilakukeun dina tanggal 30 Mei 2024, tapi hasilna nihil nepika ahirna diteruskeun kana sidang satuluyna.
Sidang satuluyna nyaéta pamariksaan berkas kawasa, pamariksaan replik jeung duplik ogé.
Pamustunganana final dina sidang pipisahan Andre Taulany jeung Rien Wartia Trigina enggeusan dina tanggal 1 Agustus 2024 kalayan agenda pangbuktian.
Dijéntrékeun yén nu boga ngaran lengkep Andreas Taulany ieu nuntut harta gono-gini tina hasil lakirabina jeung Rien Wartia Trigina.
Ngan, naon baé harta gono-gini anu diajukeun ku Andre Taulany, pihak ti Pengadilan Agama Tigakarsa embung méré pangjéntréan.
Anapon kitu perlu dipiweruh yén salila laki rabi jeung Erin Taulany, Andre geus dianugrahaan 3 urang budak, di antarana 2 lalaki jeung saurang awéwé.
Salila jadi pamajikan Andre Taulany, kahirupan Erin kagolong sangat glamor. Hal éta bisa ditingali tina foto-foto anu ku inyana diunggah dina akun Instagram pribadina, @erintaulany.
Lain saukur sakali inyana ngadeugdeug ka luar nageri kalayan ngajingjing tas-tas branded ekslusif anu hargana diirong ngahontal ratusan juta hijina.
Erin Taulany ogé sababaraha kali kaperegok maké tas branded kaluaran brand internasional, Hermes. Inyana katangén ogé mibanda sabaraha koleksi Hermes kayaning seri Kelly jeung Birkin.
Pikeun total harga sakabéh kantong tas Hermes Birkin jeung Hermes Kelly anu dipibanda Rien Wartia Trigina diirong ngahontal Rp2,6 miliar.
Éta masih koleksi Hermes, padahal popotongan Andre Taulany ieu dikanyahokeun ogé mibanda koleksi tas branded ti Chanel nepika Dior.
Di handap ieu jéjéran tas Hermes Birkin jeung Hermes Kelly anu dipibanda ku Erin Taulany:
1. Hermes Birkin 25 Craie Togo Leather with Gold Hardware: Hargana diirong Rp565 jutaan
2. Hermes Kelly 25 Sellier Gold Epson Leather with Gold Hardware: Diirong hargana ngahontal Rp391,5 jutaan
3. Hermes Birkin 25 Sellier Nata Epson Leather with Gold Hardware: Kira-kira Rp558 jutaan
4. Hermes Birkin Cargo 25 Blue Egee Toile Goeeland & Navy Swift Calfskin with Palladium Hardware: Hargana kira-kira Rp589 jutaan
5. Hermes Kelly 25 warna Coklat: Diirong mibanda harga Rp250 jutaan
6. Hermes Birkin Bag 30 Blue Electric Epson Leather: Diirong mibanda harga Rp276 jutaan
Tah éta pangirongan koleksi kantong tas branded Erin Taulany anu ngalimpudan Hermes Birkin jeung Hermes Kelly.***
Ropéa basa: Agus Rohmat
Sumber: YouTube KH INFOTAINMENT, Youtube Tribun Sumsel, Instagram @erintaulany