Bandung, Kiwari.co.id – Dina mangsa ieu eks Pj Bupati Bandung Barat Arsan Latif téh geus dijebloskan ka Lapas Sukamiskin, Kota Bandung pascaputusan Pengadilan Tipikor Bandung anu ngavonisna 4 taun kurungan bui tur geus inkrah. Inyana téh kabuktian boga salah dina kasus korupsi proyek Bangun Guna Serah Pasar Cigasong, Majalengka.
Inyana dijebloskeun ka Lapas Sukamiskin reujeung saurang pangusaha Andi Nurmawan anu geus divonis 4 taun bui. Sedengkeun Maya Andrianti anu divonis opat taun dipasrahkeun ka Lapas kelas II Majalengka.
“Kami telah melaksanakan eksekusi dua terpidana kasus korupsi Pasar Cigasong, Majalengka yaitu AL dan AN ke Lapas Sukamiskin,” ceuk Kasipenkum Kejati Jabar Nur Sricahyawijaya ka wartawan, Senén (3/2/2025).
Kasipenkum nyaturkeun, kadua pasakitan téh heus ngilu prosés hukum tur geus ditétélakeun inkrah. Salian ti éta, Maya Andrianti ogé dipasrahkeun ka Lapas Kelas II Majalengka sanggeus boga status tahanan kota.
Inyana ogé nambahkeun Kepala BKPSDM Majalengka Irfan Nur Alam ngajukeun banding kana vonis anu diterimana nyaéta 4 taun. Inyana mangsa ieu masih aya kénéh di Rutan Kebonwaru.
Saméméhna, eks Pj Bupati Bandung Barat Arsan Latif divonis 4 taun bui dina kasus korupsi Pasar Cigasong, Majalengka, Kemis (23/1/2024). Inyana kabuktian ngalakukeun tindak pidana korupsi babarengab jeung tilu kadakwa lianna dina kasus Pasar Cigasong.
Tilu kadakwa séjénna nyaéta Andi Nurmala, Irfan Nur Alam, katut kadakwa Maya Andriati divonis hukuman bui anu sarua opat taun lilana. Maranéhna téh kabuktian ngalakukeun tindak pidana korupsi dina kasus Cigasong.
Ketua Majelis Hakim Panji Surono mah nyaturkeun opat kadakwa éta téh geus kabuktian ngalakukeun tindak pidana korupsi babarengan dina kasus Pasar Cigasong. Maranéhna dijiret pasal 5 ayat 2 Jo pasal 55 ayat 1 KUHP ngeunaan tindak pidana pemberantasan korupsi.
“Mengadili, menyatakan terdakwa I Andi Nurmala, terdakwa II Irfan Nur Alam, terdakwa III Arsan Latif, terdakwa IV Maya Andriati terbukti secara sah dan menyakinkan bersalah melakukan tindak pidana korupsi secara bersama-sama dan sesuai dengan dakwaan kedua,” bébérna.
Majelis hakim ngaragragkeun pidana ka saban-saban kadakwa pidana bui 4 taun sarta dengda Rp 200 juta.
“Menjatuhkan pidana kepada terdakwa oleh karena itu dengan pidana penjara selama 4 tahun dan denda 200 juta rupiah,” ceuk inyana mangsa macakeun putusan.
Nurutkeun inyana, mun seug sakur kadakwa teu bisa mayar dengda mangka baris diganti ku pidana bui tambahan dua bulan. Mangsa panahanan anu geus dijalani para kadakwa dikurangan sagemblengna tina pidana anu diragragkeun.
Ropéa basa: Agus Rohmat