Élmuwan Timukeun Fosil Lalapis Emas Umurna 450 Juta Taun

Kiwari.co.id – Fosil biasana mah kabentuk mangsa organisme paéh katutup ku lapisan mineral dina batuan sedimen. Organisme ieu téh kalayan lambat laun baris neuasan jadi batu salila rébuan taun. Ngan, panimuan fosil di New York anyar-anyar ieu mah nuduhkeun hiji perkara anu béda.

Fosil ieu téh kaawétkeun dini pirit beusi atawa “emas palsu” di sakujur awakna. Lapisan pirit ieu téh ngabantu ngajaga bentuk awak organisme tetep weuteuh. Sanajan ieu fosil boga umur sakitar 450 juta taun. Terus, kunaha emas bisa ngawétkan fosil téh?

Ku kituna, tengetan pangjéntréan ahli ieu.

Panemuan Fosil Sato Laut Purba

Fosil lapis emas ieu téh beunang diidentifikasi minangka Lomankus edgecombei, nyaéta sato laut anu kagolong kana Megacheirans jeung kelas artropoda anu geus musnah. Ieu sato mibanda leungeun gedé di bagian hareup awakna keur néwak mangsa. Ngan, naha fosil sato ieu bisa tetep weuteuh?

Proses pangbentukan fosil ilaharna mah bisa ngaruksak awak dina hiji organisme lantaran ayana tekenan jeung panas. Hal ieu téh ngakibatkeun kajadinana parobahan dina anatomi atawa struktur waruga organisme sahingga bangga pikeun diidentifikasi.

Panimuan fosil Lomankus edgecombei ieu téh ngagétkeun élmuwan lantaran mibanda struktur awak anu weuteuh jeung dilapis emas. Pirit beusi atawa emas palsu éta téh diirong jadi salah sahiji panyabab tina weuteuhna fosil éta sato.

Ahli paleobiologi ti Universitas Oxford di Inggris, Luke Parry nyaturkeun yén salain mibanda warna emas anu éndah tur nyongcolang, fosil-fosil ieu téh kaawétkeun kalayan pohara hadéna.

Proses Pangbentukan Fosil Lapis Emas

Nurutkeun Parry, Lomankus edgecombei kamungkinan gedé mah kakubur dina kondisi hirup akibat ayana urugan sedimen gedé.

Satuluyna, sedimen anu beunghar ku zat beusi kalayan lalaunan bakal ngabentuk pirit di lingkungan tanpa oksigen, ngagantikeun bagian éta awak sato ku mineral nepikeun ka fosil kaawétkeun kalayan hadé.

Panimuan fosil Lomankus edgecombei kalawan weuteuh ieu téh méré wawasan anyar ngeunaan anatomi tina Megacheiran atawa kolompok sato laut purba. Fosil Lomankus edgecombei malahan diirong minangka spesies Megacheiran pamungkas anu hirup di bumi.

Leuwih jauh, panimuan fosil ieu ogé méré wawasan ngeunaan kumaha palengkep kana hulu artropoda ngaevolusi jadi antena, capit, jeung sihung siga anu katingali dina serangga mangsa ieu

Lian ti éta, anatomi Lomankus edgecombei teu nuduhkeun ayana panon keur titingalian. Timuan ieu téh ngaindikasi yén makhluk éta ngagunakeun anggota awak séjén pikeun ngarasakeun jeung néwak mangsa, sakumaha dikutip dina studi “A Pyritized Ordovician Leanchoiliid Arthropod” ku Luke Parry jeung kancana dina taun 2024.

“Lomankus edgecombei menunjukkan kepada kita bahwa Megacheiran terus mengalami diversifikasi dan evolusi jauh setelah Kambrium, dengan apendiks besar yang sebelumnya menakutkan, kini menjalankan fungsi yang sama sekali berbeda,” ceuk Parry ka Science Alert.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan