Kiwari.co.id – Teu kurang ti 2,18 juta lobana kandaraan diirong bakal ninggalkeun wilayah Jakarta dina periode mudik lebaran 2025. Wincikanana, 419 rébu kandaraan ngaliwatan Gerbang Tol (GT) Cikupa, 314 rébu kandaraan ngaliwatan GT Ciawi, 793 rébu kandaraan ngaliwatan GT Cikampek Utama, jeung 331 kandaraan baris ngaliwatan GT Kalihurip Utama.
Éta jumlah téh nyaéta anu baris ngalakukeun lalampahan dina 21 Maret 2025 atawa H-10 Lebaran tepi ka 1 April 2025 atawa H+2 Lebaran. Nurutkeun pangirong Direktur Utama PT Jasa Marga (Persero) Tbk Subakti Syukur, puncak arus mudik bakal kajadian dina Jumaah, 28 Maret 2025 atawa H-3 Lebaran.
“Puncak mudik yaitu tanggal 28 (Maret) maupun di tanggal 6 (April) pada saat harus balik,” ceuk Subakti dina Rapat Dengar Pendapat reujeung Komisi VI DPR RI di Senayan, Jakarta Pusat, Senén (17/3/2025).
Dumasar kana materi bébéranana, aya 232 rébu kandaraan anu liwat di jalan tol anu dikokola khu Jasa Marga. Jumlah éta téh 50% leuwih réa batan poé normal ngan leuwih handap 9% dibanding periode anu sarua dina taun kamari.
Sagigireun ti éta dina periode balik Lebaran aya 2,29 juta kandaraan anu asup ka Jakarta salila 31 Maret tepi ka 11 April 2025. Maranéhna mah liwat gerbang tol anu sarua jeung periode mudik saméméhna.
Puncak arus balik kajadian poé Ahad, 6 April 2025 atawa H+5 Lebaran. Sina tanggal éta mah 264 rébu kandaraan ngaliwatan tol anu dikokola Jasa Marga, anu mana jumlah éta téh 55% leuwih réa tina poé normal jeung leuwih saeutik 1% ti batan puncak arus balik 2024.
Ropéa basa: Agus Rohmat