Kiwari.co.id – Hiji pamandangan anu atra kontras nyongcolang ngawangun hiji kaayaan alam anu unik matak hookeun. Hiji pasir nangtung ngajungkiring di tengah lelewek pasawahan anu héjo anyar ngarambét. Éta pasir anu béda ti pasir pasir séjénna téh perenahna aya di Kampung Sadarkarya, Kelurahan Linggamukti, Kacamatan Darangdan, Kabupatén Purwakarta. Éta pasir diirong minangka paninggalan zaman purba, kalayan strukturna anu acak jeung diwangun tina babatuan garékgok.

Gunung Paténggéng, Purwakarta/Youtube Udar1der Channel.
Pikeun masarakat Purwakarta mah, ieu pasir téh tangtu geus teu bireuk deui tur remen dijadikeun pikeun destinasi swafoto atawa trekking di alam. Tapi, Bukit Paténggéng teu sakedar topografi papasiran wungkul alatan mibanda carita dina mangsa baheula.
Kocap kacaturkeun, tétéla pasir anu sohor disebut Gunung Paténggéng ieu téh asup dina carita Sangkuriang anu jadi sasakala kakoncata di tatar Pasundan.
Tepika kiwari, tempat ieu téh masih narik pikeun dijugjug lantaran pamandangan katut caritana anu ahéng.
Kumaha carita jeung naon baé anu nyampak di gunung Paténggéng ieu? Hayu urang wanohan Gunung Paténggéng anu katingali ahéng jeung khas di kabupatén Purwakarta ieu.
Ngajungkiring di Tengah Pasawahan
Sakumaha anu disigeung di mimiti narasi Gunung Paténggéng perenahna ngajungkiring di tengah lelewek pasawahan, Kelurahan Sadarkarya. Bentukna anu mencrut seukeut ka luhur, ngajadikeun ieu pasir unik kacida.
Sabenerna mah gunung Paténggéng téh kurang merenah lamun disebut gunung tapi anu payus pingaraneunana mah nya éta pasir, lantaran sacara bentuk, tina bagian handap kaayanana ngalegaan tur beuki ngaleutikan dina bagian luhurna.
Gunung Paténggéng ogé kawilang leutik lantaran saukur boga diaméter sakitar 500 tepika 800 méter pasagi.
Nurutkeun laman linggamukti.desa.id mah struktur ieu téh baheulana mangrupakeun gunung api purba anu geus lila teu aktif. Ieu pasir téh aya dina 500 MDPL, tur ditutuwuhan jeung tatangkalan parendék.
Atra Ti Jalan Tol Cipularang
Ngabandungan dina Youtube Udar1der Channel, Gunung Paténggéng téh jadi salah sahiji daya tarik di Kabupatén Purwakarta.
Kaéndahan gunung Paténggéng ieu ogé bisa katingali ti Jalan Tol Cipularang, KM 97 kalayan atra ku pamandangan pasir babatuan anu sawaréh kasaput héjo anu khas.
Lian ti kitu, kaéndahanana ieu pasir téh katara atra ti jarak deukeut ogé lantaran pamandangan di sabudeureuanana anu dikurilingan area pasawahan.
Ngan hanjakal pisan, ieu gunung téh masih bangga diakses maké kandaraan roda dua sok komo ku kandaraan roda opat mah. Ngan mun seug ngagunakeun motor, kudu ku tanaga anu gedé tur ban anu kawas motor trail.
Mangrupakeun Jejelan Lava
Nurutkeun tim Geologi, Gunung Paténggéng mangrupakeun gunung purba anu umurna jutaan taun.
Mimitina, éta bentuk kacipta tina jejelan atawa mandetna lava dina fenomena geologi di mangsa baheula.
Kawilang narik ogé pikeun dipiweruh yén gunung ieu diduga aya di luhur gunung api purba anu dina réwuan nepika jutaan taun kalarung kungsi ngarandapan ngabeledug (erupsi).
Diirong, Gunung Paténggéng ngamencrut sanggeus mudalan lava teu ngalir sakumaha kuduna, sehingga ngamencrut ka luhur
Disebut dina Sasakala Sangkuriang
Pikeun warga Purwakarta, Gunung Paténggéng mémang geus teu bireuk deui. Samalah balaréa Jawa Barat ogé geus mireungeuh ieu gunung ngaliwatan Sasakala Sangkuriang.
Dina Wikipedia, Gunung Paténggéng disebut dina narasi Sangkuriang anu dibébérkeun ogé ku Pangeran Karajaan Pajajaran, nyaéta Bujangga Manik.
Di dinya disebutkeun yén Gunung Paténggéng mangrupakeun lelewek anu disindangan ku tangtungan Sangkuriang.
“Leumpang aing ka baratkeun (kuring leumpang ka belah kulon). Datang ka Bukit Paténggéng (anjog ka Gunung Paténggéng). Sakakala Sang Kuriang ( tempat sasakala Sang Kuriang). Masa dék nyitu Ci tarum (samangsa arék ngabendung Citarum). Burung tembey kasiangan (ngan bedo kabeurangan),” tulis carita sasakala Sangkuriang ngeunaan Gunung Paténggéng.
Ropéa basa: Agus Rohmat