Kiwari.co.id – Aya réa pisan sato anu aya di dunya kalawan jinis jeung karakteristikna anu béda-béda. Malahan, tingkat kalangsungan jeung mangsa hirupna ogé béda. Aya anu umurna bisa ngahontal puluhan malahan ngahontal ratusan taun, tapi aya ogé anu hirup dina itungan poé.
Sakumaha dipiweruh, durasi hirup hiji spesies ditangtukeun ku habitat, ukuran, sumber kadahran, katangkesan nagen, jeung élemén lianna.
Sato anu bisa hirup lila atawa panjang umur diantarana :
1. Hiu Greenland
Hiji studi panganyarna nunjukkeun yén hiu Greenland, kalawan panjang sakitar 5 méter, meureun hirup leuwih ti 400 taun, ngajadikeunana vertebrata paling lila hirup, sahenteuna salila sa-abad.
Hiu ieu ditimukeun hirup di perairan Arktik jeung Atlantik Kalér dina jerona rata-rata 4.000 nepika leuwih ti 7.000 kaki, tuwuh lambat nepika ngahontal panjang dalapan tepika 14 kaki mangsa déwasa, jeung néangan kadaharan ku cara ngadahar rupa-rupa jinis lauk jeung manuk.
2. Paus Bowhead
Paus Bowhead (Balaena mysticetus) mangrupakeun mamalia pangpanjangna umur di Bumi, kalawan kamampuhan hirup leuwih ti 200 taun. Habitatna ngalimpudan perairan Arktik jeung subarktik sapanjang taun.
Ieu paus panjangna bisa nepika 60 kaki, tur mibanda beurat antara 75-100 ton. Maranéhna ngagunakeun baleen pikeun nyaring kadaharan tur mibanda karakteristik genetik unik anu bisa nyalinsungan tina kanker sarta ngalambatkeun proses kakolotan.
3. Lauk Koi
Koi, anu dipiwanoh ogé minangka Koi Jepang (Cyprinus rubrofuscus), mangrupakeun lauk hias anu bisa tuwuh nepika tilu kaki panjangna. Koi umumna ditempatkeun dina balong batu buatan atawa balong hiasan.
Sanajan mibanda umur rata-rata 40 taun, koi pangkolotna anu dipiweruh hirup leuwih ti 200 taun. Salah sahiji koi kasohor di Jepang ngaranna Hanako malah ngahontal umur matak hook, nyaéta 226 taun.
4. Galapagos Giant Tortoise
Kuya Galápagos nyaéta salah sahiji spesies kalawan umur pangpanjangna di karajaan sato. Maranéhna bisa hirup leuwih ti 100 taun di alam liar jeung malahan ngahontal 177 taun dina parakan.
Salah sahiji kuya Galápagos pangkolotna anu kawéntar nyaéta Harriet, anu cicing di kebon binatang Steve Irwin tur paéh dina umur 175 taun dina taun 2006.
5. Rougheye Rockfish
Rougheye Rockfish (Sebastes aleutianus), kalawan umur maksimum sahenteuna 205 taun, kaasup di antara lauk anu hirup paling lila. Panuwuhanna telat, mateng dina umur kolot, jeung mibanda umur panjang, tapi rentan ku panéeakan kaleuleuwihi.
Habitatna ngalimpudan parairan basisir ti California nepika Jepang, ilaharna aya dina jero 500 nepika 1.500 kaki di sabudeureun dasar laut deukeut guha jeung gupit.
6. Tube Worm
Tube Worm, anu asup kana kategori sato kalawan umur hirup paling lila, mampuh tepika umur leuwih ti 300 taun nalika aya dina lingkungan kalayan ngaleuya kadaharan sapanjang taun tur minim predator.
Terus, naon baé sato anu miband umur paling pondok?
Laleur papatong, sato kalawan mangsa hirup pangpondokna.
Mikaweruh kalayan pasti sato naon baé anu hirup paling singget tangtuna teu gampang pikeun para panaliti. Komo deui masih réa spesies anu meureun masih nungguan pikeun ditimukeun.
Tapi dumasar anu dipiweruh sajauh ieu, mayfly atawa laleur papatong mangrupakeun sato kalawan umur paling pondok.
Dilansir ti laman Live Science, sato cai ieu megar tina endog minangka nimfa tur hirup dina jero cai tepika dua taun.
Satuluyna maranéhna mekarkeun jangjang pikeun tahap akhir – tahap subimago jeung imago – dina siklus hirup maranéhna pikeun kawin.
Réa laleur papatong anu hirup kurang ti 24 jam dina bentuk jangjanganana, samentara sababaraha anu séjénna malah teu nagen tepika 5 menit.
Sabagian gedé spesies laleur papatong transisi tina cai ka darat jeung jomantara dina tahap subimago tus satuluyna baranahan dina tahap imago. Maranéhna teu mibanda mulut atawa sistem padaharan anu berfungsi dina kadua tahap éta (imago) jeuhg hirup tina cadangan energi anu dikumpulkeun mangsa nimfa.
Ku tayana sistem pangdaharan anu gedé, bikang mibanda leuwih réa rohang keur endog dina jero awakna.
Maranéhna bisa ngamanfaatkeun mangsa déwasana anu singget
Jéjéran sato kalawan Umur Pondok, Aya anu Hirupna Saukur 24 jam
1. Laleur Papatong atawa Mayfly (24 Jam)
Dikutip ti A-Z Animals, laleur papatong mangrupakeun sato ngapung leutik anu hirup di sabudeureun dano, balong, jeung walungan di Amerika Utara. Laleur papatong dipiweruh boga umur paling pondok di dunya, nyaéta saukur 24 jam. Éta pisan naha laleur papatong kaasup dina ordo Ephemeroptera. Kecap Ephemeroptera asal tina basa Yunani anu hartina ‘boga umur pondok’.
Tina hiji endog, satuluyna megar jadi nimfa anu nagen dina cai. Sababaraha nimfa laleur papatong cicing dina cai sababaraha bulan, malahan bisa taunan. Tapi sanggeus jadi laleur papatong déwasa, maranéhna saukur hirup kurang tina 24 jam.
2. Gastrotricha (3 Hari)
Gastrotricha mangrupakeun sato anu saukur bisa ditingali maké mikroskop (0,06-3,0 milimeter). Dikutip ti The Mysterious World, bentuk gastrotricha nyarupaan cacing. Ieu sato beunang kapanggih dina cai tawar jeung laut. Sato ieu mibanda struktur awak transparan jeung ngojay milu arus. Umur ti gastrotricha saukur bisa tahan salila tilu poé.
3. Reungit (7 poé)
Reungit bisa disebut minangka spesies hama paling kakoncara di bumi. Leupas tina éta sakabéh, reungit menjalanan tahap endog, utek-utek (larva), pupa, jeung déwasa dina waktu anu singget. Dikutip ti Reader’s Digest, dina mangsa reungit nepi kana umur déwasa, ilaharna baris hirup salila saminggu.
4. Sireum Drone (3 Minggu)
Sireum drone nyaéta anggahota koloni sireum jalu. Sireum drone saukur mibanda siklus hirup salila tilu minggu. Sireum drone milu perilaku kedul jeung teu kungsi loba digawé. Sireum drone bikang salilana ngabentuk koloni sireum. Nu matak narikna, sireum drone gancang paéh sanggeus dikawinkeun jeung sireum bikang. Ku kituna, sireum drone boga peran penting dina ayana koloni sireum dina siklus hirupna anu leuwih pondok.
5. Laleur (4 Minggu)
Laleur imah atawa dina basa latin Musca domestica nyaéta sato paling umum tur salah sahiji serangga ngajéngkélkeun anu mindeng dipanggihan di imah. Mangsa hirup laleur imah saukur kawates dina jangka waktu singget nyaéta opat minggu.
Laleur anu hirup di imah boga umur leuwih panjang tibatan laleur anu hirup di lingkungan liar. Sanajan siklus hirupna anu leuwih pendék, sakur laleur bikang ngendog nepika 1000 siki.
Umur panjang remen gumantung kana umur sato ngahontal kamatengan seksual. Hiu Greenland contona, bisa hirup ngahontal umur leuwih ti 500 taun. Tapi, maranéhna kawin dina umur kolot, éta pisan sababna maranéhna jadi salah sahiji sato anu hirup paling lila di planet ieu.
Aaa variasi gedé dina embatan hirup di dunya sato, jeung sababaraha makhluk ngalaman ruap-rupa tahap pamekaran anu manjangkeun umur. Hanjakalna, teu sakabéh sato bisa ngalakukeun hal éta, nepika maranéhna mibanda embatan hirup anu pondok, malahan saukur sababaraha poé baé.
Kontributor: Agus Rohmat