Gedong Bakorwil Bogor Robah Jadi Kantor Gubernur Jawa Barat, Dedi Mulyadi Mikarep Fokus Deukeutkeun Layanan ka Masyarakat

Kiwari.co.id – Gedong Bakorwil di Kota Bogor, ayeuna keur satengahing disayagikeun jadi Gedong Pakuan Pajajaran, nyaéta jadi kantor Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi.

Léngkah ieu téh mangrupakeun bagian tina strategi Dedi Mulyadi pikeun ngadeukeutkeun layanan pamaréntahan ka masyarakat di rupaning wewengkon.

Kantor Gubernur Dedi Mulyadi ieu téh baris mmnyoko Kota jeung Kabupatén Bogor, Kota jeung Kabupatén Sukabumi, Kabupatén Cianjur, jeung Kota Depok.

Dina panglongokanana ka éta lelewek, Dedi Mulyadi langsung niténan kasiayagian gedong tur méré sababaraha arahan panataan, Senén (14/4/2025).

Kaasup ménta témbok tukang dirakrak sangkan nyiptakeun buruan anu leuwih lega kabuka tur kaintegrasi.

“Pembangunan dan penataan gedung ini bertujuan mempermudah akses masyarakat kepada pemerintah,” ceuk Raden Iip Hidayat, Analis Kebijakan Ahli Utama di Biro Administrasi Pimpinan Setda Provinsi Jawa Barat.

Geding ieu téh jadi hiji tina lima titik kantor Gubernur Jawa Barat, salain di Bandung, Purwakarta, Cirebon, jeung Garut.

Sakabéhna mangrupakeun urut kantor karesidenan dina mangsa kolonial Belanda.

Wangunan sajarah anu ngadeg saprak taun 1806 ieu téh saméméha mah mangrupakeun kantor pamaréntahan Hindia-Belanda.

Tina lega awalna 2,5 hektare, ayeuna nyésa 1,7 hektare sanggeus sabagian digunakeun keur wangunan lembaga lian. Ku lantaran statusna minangka cagar budaya, panataan dilakukeun tur tetep ngajaga kaaslian struktur wangunan.

“Untuk penataan ruang, lantai pertama akan digunakan untuk pelayanan publik, sementara lantai dua akan menjadi ruang utama Gubernur. Targetnya, penataan selesai dalam dua hingga tiga bulan ke depan,” jéntréna.

Gubernur Jawa Barat, Dedi Mulyadi mangsa ngalongok Bakorwil Kota Bogor anu barus jadi kantorna, Senén (14/4/2025). (Foto: Rivaldi/Radar Bogor)

Wali Kota Bogor, Dedie A. Rachim, ngajéntrékeun Gubernur méré ngaran anyar keur éta gedong minangka simbol sajarah jeung kadeukeutan emosional.

Sabab, di Bandung aya Gedong Pakuan mangka di Bogor ditambahkan kecap Pajajaran.

“Ini menunjukkan hubungan historis yang kuat antara Bogor dan Kerajaan Pajajaran. Bogor memang seharusnya mendapat perhatian khusus dari Pemprov Jabar,” ceuk Dedie.

Mangsa ieu, gedong masih dina tahap sasayagian fasilitas pikeun jadi kantor Gibernur Dedi Mulyadi.

Méja, korsi, jeung sarana pangrojong lianna baris sagancangna dilengkepan sangkan Gedung Pakuan Pajajaran bisa téréh difungsikeun minangka kantor aktif Gubernur Jawa Barat di Bogor.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan