Tasikmalaya, Kiwari.co.id – Geunjleung Guha Safarwadi di Tasikmalaya disebut bisa tembus ka Makkah. Nurutkeun arkeolog mah fenomena éta téh bisa dikaitkeun kana teori religi.
Guha Safarwadi téh mibanda panjang 284 méter tut mibanda dua tungtung, tungtung kahiji minangka panto asup anu petenahna di Kampung Pamijahan. Tuluy, panto kadua nerus ka Kampung Panyalahan.
Arkeolog dari Universitas Indonesia, Dr Ali Akbar, mertélakeun yén titinggal sajarah ieu téh bisa dikaitkeun kana materi palajaran teori religi, anu ku inyana sorangan diajarkeun ogé ka budak didikna.
“Saya kebetulan mengajar namanya religi prasejarah, jadi religi yang terkait arkeologi. Manusia secara naluriah, itu punya emosi keagamaan atau emosi religi. Mereka ingin mendekatkan diri dengan sang penciptanya,” caturna, Salasa (11/2/2025).
Sangkan leuwih husu tur afdol, jalma mah ilaharna indit ka tempat anu poék. Tah, guha téh kaasup salah sahiji anu disungsi. Satuluyna, kakara wéh bisa ditingali preferensi katut orientasi tina pangeusi saméméhna ieu guha.
“Misalnya leluhur saya ke China gitu, nanti dia akan prosesi mengarahnya ke arah yang diperkirakan arah mata anginnya ke China gitu ya. Ada juga arah Arab. Ada juga yang di sini, mungkin religinya itu Islam, maka ini jalan ke arah Makkah,” pokna, ngajéntrékeun.
Sarimbag jeung Guha Sunyaragi
Fenomena guha anu viral téh kungsi ogé kajadian, salah sahijina kana Guha Sunyaragi di Cirebon. Guha téh nyaéta guha buatan jalma tur diirong diwangun abad ka-16 ku Panembahan Pakungwati I.
Sunyaragi téh asalna tina wancahan Sunya anu hartina sunyi atawa sepi jempling jeung kecap ragi anu hartina raga. Matakna, Gua Sunyaragi sohor minangka tempat jalma nyepi atawa nyepén, ngolah jiwa jeung raga katut tafakur.
“Kalau ini kan kemungkinan gua alam nih, yang di Tasik ini. Kalau saya lihat bagian-bagian dalamnya seperti ada lorong-lorong, nanti disebut atau dipercaya oleh sebagian orang, lorong ini menuju ke Mekkah gitu. Memang ada secara naluri manusia menginginkannya seperti itu,” jéntréna pakar anu jadi panitén sosial-budaya di Indonesia ieu ogé.
Jalan Nuju Makkah Dianggap Filosofis
Intina mah, lain mibanda harti ieu bener-bener jalur nuju ka arah Mekkah. Guha nuju Mekkah ieu dianggap Dr Ali Akbar mah minangka hiji palsapah, filosofi atawa emosi kaagamaan, lantaran geus puguh bisa dipiyakin ieu moal nepi ka Mekkah.
Sesepuh komplek Ziarah Pamijahan, KH. Endang Ajidin, ngajéntrékeun yén Guha Safarwadi téh mangrupakeun tempat Syeikh Abdul Muhyi reujeung para muridna baheula.
Dina kapercayaan anu diturunkeun kalawan turun tumurun mah, di jero guha téh aya sajumlah jalan nuju Cirebon, Banten, Surabaya nepika Makkah. Malahan, aya ogé tujuh batu anu boga gambar peci haji.
“Di dalam gua itu terdapat ada lubang-lubang yang dikatakan menurut sejarah yang tempatnya di komplek mesjid agung dalam gua. lubang itu ada dikasih nama lubang ke Cirebon, ke Surabaya, ini lubang ke Banten bahkan ada lubang dikatakan ke Makkah. Ada juga batu yang bergambar peci haji sebanyak tujuh buah,” ceuk Endang.
Endang nyaturkeun éta carita ngan saukur bagian tina fragmen hikayat para lulugu baheula. Nurutkeun Endang, viralna guha Safarwadi minangka jalan nuju Makkah kudu dipitanggap kalayan wijaksana.
Ropéa basa: Agus Rohmat