Warga Désa Nambo, Kacamatan Lasalimu, Buton, Sulawesi Tenggara, digeunjleungkeun ku panéwakan oray sanca batik (Python Reticulatus) raksasa sapanjang 12 méter. Ieu ceuk warga.
Kiwari.co.id – Warga Désa Nambo, Kacamatan Lasalimu, Kabupatén Buton, Sulawesi Tenggara, digeunjleungkeun ku panéwakan oray sanca raksasa sepanjang 12 méter.
Oray sanca raksasa éta ditéwak ku warga di jero leuweung anu teu jauh ti pamukiman warga.
Mangsa ditéwak, oray sanca jini python Retikulatus raksasa éta keur gelut jeung bubuhan bagong.
Nurutkeun kasaksian salah saurang warga anu ngaranna Ari, panéwakan oray sanca raksasa anu kajadian dina Kemis (25/4/2024) wanci isuk.
Mimitina mangsa warga ngadéngé sora kocéakan bagong anu kadéngé siga keur ngarandapan kanyeri di jero leuweung, warga anu panasaran langsung ngadeukeutan sumber sora.
Harita ceuk Ari, oray sanca éta keur meulit hiji bagong tapi bubuhan bagong anu séjénna malik narajang oray sanca tepika bagong bikang anu méh dihakan leupas tina cerekan oray.
“Kemarin kami lihat ular masih melilit babi tapi babi yang lain balik serang ular, disinikan banyak babi, pas disitu kami ambil tali baru jerat lehernya ular,” jéntréna Ari, mangsa nunjukan lokasi panimuan oray, Jumaah (26/4/2024).
Satuluyna Warga nyokot kasempatan mangsa oray diriweuhkeun ku serangan bubuhan bagong, warga langsung ngajiret beuheung oray ngagunakeun tali. Samentara bubuhan bagong langsung kabur mireungeuh kadatangan jalma. Ari ngaku prosés panéwakan oray sanca éta kawilang hésé tur lumangsung cukup lila lantaran ukuran oray sanca anu gedé, malahan oray sanca éta kungsi narajang warga mangsa arék ditéwak.
“Lumayan sulit tangkap ular itu soalnya besar sekali, kami sempat juga diserang tapi kami hantam pakai parang, ada sekitar dua jam baru bisa kami lumpuhkan ular itu,” ungkab Ari.
Réngsé dilumpuhkeun, éta oray sanca ditarik ngagunakeun tali kaluar ti leuweung tur dibawa ka sisi jalan. Dadak sakala éta oray jadi tongtonan warga jeung sajumlah pangendara anu ngaliwat.
Kamunculan oray sanca di deukeut pamukiman warga di Désa Nambo geus remen kajadian, warga kerep ningali oray sanca raksasa ngahakan ingon-ingon kayaning hayam, domba malahan sapi bogana warga.
Hariwang kana kasalematan warga, oray sanca éta ahirna dipaténi.
Kontributor: Agus Rohmat
Ropéa Basa: RB
Sumber: tvOnenews