Geus Lila Paéh, Jalur Karéta Api Bandung – Ciwidey anu Pinuh Sajarah Bakal Dihirupkeun Deui Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi

Kiwari.co.id – Sajumlah jalur karéta api di sababaraha wewengkon di Jawa Barat anu geus lama ‘paéh’ atawa nonaktif téh bakal dihirupkeun deui, salah sahijina nyaéta Bandung – Ciwidey anu legendaris tur diwangun dina era kolonial Belanda.
Gubernur Jawa Barat Dedi Mulyadi medar rancana pangaktifan jeung reaktiviasi deui jalur-jalur karéta anu geus lila nonaktif di wewengkon anu diluluguanana éta.

Aya 11 jalur anu bakal ‘hirup’ deui di Tatar Pasundan sanggeus Gubernur Jabar gempungan reujeung PT Kereta Api Indonesia (KAI) katut Kementerian Perhubungan (Kemenhub) di antarana aya jalur Banjar – Cijulang, Garut – Cikajang, Rancaekek – Tanjungsari, Cipatat – Padalarang, serta Bandung – Ciwidey.

Dedi ngaliwatan unggahanana di Instagram @dedimulyadi71 nepikeun yén jalur karéta api di Jawa Barat éta téh aktif deui komo deui sanggeus dirina sawala jeung Kementerian Perhubungan katut PT KAI medar reaktivasi anu baris neureuy waragad sakitar Rp20 triliun.

Lalampahan KA di jalur Bandung–Dayeuhkolot–Ciwidey, perenahna di deukeut sasak Ci Tarum mangsa baheula

Gubernur Jabar mikarep engkéna Jawa Barat kakoneksi ku jalur karéta api anu ngaliwatan titingalian alam anu éndah. Salah sahijjna mah nyaéta jalur karéta api Bandung – Ciwidey anu kawentar mibanda titingalian éndah tur ngogo panempo.

Sajarah Jalur Karéta Api Bandung – Ciwideuy

Dirangkum ti sababaraha sumber, jalur karéta api Bandung-Ciwidey téh mibanda sajarah lalampahan panjang dina dunya transportasi di Indonesia mah anu diwangun dina era kolonial Belanda.

Harita jalur Bandung-Ciwidey éta téh diwangun ku pausahaan bogana Pamaréntah Hindia Belanda anu ngaranna Staatsspoorwejen atawa SS ngaliwatan paraturan anu dipedalkeun dina taun 1918 kalayan panjangan sakitar 40 kilométer.

Belanda ngawangun jalur kereta api di Bandung-Ciwidey éta téh cenah boga tujuan sangkan bisa ngakut hasil bumi ti wewengkon Bandung Kidul ka Stasiun Bandung jeung wewengkon séjénna kawas Batavia terus palabuhan tur satuluyna ngirimkeunana ka Eropa.

Saméméhna jalur Bandung-Ciwidey ieu aya mah, Belanda ngangkut hasil bumi ti sikluk Jawa Barat ieu téh maké padati kalayan waragad mahal sabab harita mah akses ngajugjug ka dayeuh Bandung bangga lantaran jarak anu anggang.

Antukna mah, Belanda harita milih ngawangun jalur karéta di Bumi Priangan éta tur jadi urat nadi parékonomian Hindia Belanda dina sektor pakebonan tur mimiti operasi ti 1921.

Ngan, sariring lalampahanana jalur karéta Bandung-Ciwidey ahirna ditutup sanggeus kurang leuwih 60 taun dipaké dina di taun 1982.

Jalur karéta api Bandung-Ciwidey téh sohor mibanda pamandangan anu éndah sok komo deui éta wewengkon téh kawentar minangka pakebonan entéh ku mayapak héjona tur tina segmen Cikudapateuh-Kopo (Soreang), Ciwidey, jeung Dayeuhkolot.

Pausahaan milik Belanda, Staatsspoorwejen harita téh satuluyna disérén-sumérénkeun jadi Djawatan Kereta Api Republik Indonesia atawa DKARI anu kiwari mah dipiwanoh minangka PT Kereta Api Indonesia (KAI).

Warga ngaliwat di jalur karéta api Soreang – Ciwidey anu ayeuna geus ditémbok jeung dijadikeun jalan balaréa keur pangendara motor.

Mun nengetan YouTube Hawin Kanjim mah kungsi ngulas kaayaan jaman baheula lalampahan di jalur karéta api Bandung-Ciwidey anu nyambungkeun antara Stasion Bandung jeung Stasion Ciwidey anu ngaliwatan sababaraha stasion kayaning Bojongsoang, Dayeuhkolot, jeung Banjaran.

Dina éta video téh lalampahan karéta ngaliwatan sababaraha stasion nyaéta Stasion Cikudapateuh, Stasion Dayeuhkolot, Stasion Banjaran, Stasion Soreng, katut Stasion Ciwidey.

Saméméh anjog di Stasion Ciwideuy, salila lalampahan aya sababaraha sasak kalayan titingalian anu éndah anu baris diliwatan kayaning Jambatan Citarum, Jambatan Sadu di Soreang, Jambatan Rancagoong katut Jambatan Cikabuyutan.

Ngan ieu jambatan téh ahirna ditutup taun 1982, malahan mah kungsi kajadian kacilakaan karéta lokomotif Si Gombar dina lalampahanana ti Stasion Ciwidey ngajugjug Bandung.

Karéta lokomotif anu ngakut rupa-rupa hasil bumi ditubruk ku treuk perenahna di Kampung Cisandori, Ciwidey, Jawa Barat.

Sanggeus puluhan taun ditutup kondisi sabagian jalur karéta Bandung-Ciwidey geus dipenuhan tuwuhan jalar jeung jujukutan, malahan mah aya ogé anu geus nadeg wangunan imah atawa pamukiman warga.

Kitu ogé jeung sajumlah stasion anu teu aktif sawaréhna geus ngalih fungsi jeung aya ogé anu kosong teu kapiara.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan