Goa Agung Garunggang, Mahakarya Kasamunikeun di Bogor

Bogor, Kiwari.co.id – Situs Goa Agung Garunggang nyaéta salah sahiji destinasi wisata alam anu perenahna di Désa Karang Tengah, ayana di 350 mdpl ti wisata Hutan Hujan Sentul, Kacamatan Babakan Madang, Bogor, Jawa Barat. Guha ieu nawarkeun pangalaman unik pikeun padeugdeug kayaning formasi batu purba jeung labirin batu anu siga nangtang.

Didi Rahmadi, Manajer Lapangan Goa Garunggang, nyebutkeun yén panimuan guha ieu kajadian kalayan teu ngahaja.

“Goa ini dulunya ditemukan oleh orang yang sedang mengejar landak, tidak ada yang menyangka ada goa di sini,” ungkabna mangsa ditepungan, media rri, Salasa (24/9/2024).

Sanajan kapanggihna geus lila, upaya pikeun ngajadikeun Goa Garunggang minangka destinasi wisata mimiti daria dilakukeun kakara dina taun 2016.

Nurutkeun Didi, harita, bareng jeung sababaraha baturna ti komunitas lokal, inyana mimiti ngaberesihkeun jeung miara éta kawasan kalawan swadaya.

Ngan, upaya pangembangan Goa Garunggang teu jalan kalawan mulus, dina taun-taun awal, padeugdeug anu anjog kacida minim, saukur opat nepika lima urang per minggu. Kondisi ieu terus lumangsung tepika taun 2018 na mangsa Didi jeung timna mimiti bebenah, muka akses anu leuwih babari tur narik leuwih réa padeugdeug.

Dina taun 2019, padeugdeug mimiti ningkat kalayan signifikan, sanajan sasalad COVID-19 kungsi ngeureunkeun kamekatan ieu lelewek.

“Setelah pandemi, barulah kita bisa melihat perkembangan yang lebih pesat. Pengunjung semakin banyak, terutama karena keunikan tempat ini,” tambah Didi​.

Salah sahiji daya tarik Goa Garunggang nyaéta trekking sapanjang méh tilu kilométer ti lelewek parkir. Sanajan medan jalanna cukup nangtang, pamandangan anu disajikeun ngajadikeun éta hésé capé kaubaran.

Pon kitu deui, jalur utama masih mangrupa taneuh, aya rancana pikeun ngoméan akses nuju Goa Garunggang ngaliwatan jalur Puncak 2. Didi miharep, lamun jalur ieu réngsé, akses ka guha bakal jadi leuwih babari.

Salian jalur trekking anu nangtang, Goa Garunggang mibanda opat lawang guha anu silih hubung.

“Untuk menyelesaikan trek dari goa satu hingga goa empat, pengunjung membutuhkan waktu sekitar tiga jam,” tambah didi.

Rahman, padeugdeug asal Depok, babagi pangalamanana nyungsi kawasan wisata ieu. Rahman ngaku ngahaja datang ka Goa Garunggang pikeun ngeusi waktu liburanana ku aktivitas outdoor.

“Sengaja dari rumah langsung ke sini, niatnya memang mau jalan-jalan dan isi liburan,” ceuk rahman.

Inyana ogé nyaritakeun, trek di sabudeureun Goa Garunggang kacida cocog pikeun pamula anu hayang nyoba trekking.

“Trek-nya oke untuk pemula, nanjak sedikit, ada turunan juga, jadi enak. Suasananya juga tidak terlalu ramai, jadi bisa lebih menikmati,” pokna Rahman.

Sanajan aya sababaraha bagian anu panas, inyana ngarasa trek éta masih aman pikeun diliwatan.

Salian trek anu teu pati sulit, Rahman ogé kataji ku kaunikan formasi batu-batu gedé di jero guha. Inyana nyebutkeun yén pangalaman ngaliwatan labirin batu di éta guha méré sensasi anyar.

“Yang menarik adalah bisa lewat di sela-sela batu besar, ada experience baru buat kita,” tambahna.

Manéhna miharep tempat wisata ieu tetep mertahankeun kaaslianana tanpa loba cor-coran.

Rahman nyaturkeun, Goa Garunggang teu saukur nawarkeun kaéndahan alam, tapi ogé patualangan anu aman jang kulawarga katut narudak. Ku kondisi trek teu pati nanjak, tempat ieu jadi pilihan merenah pikeun wisata outdoor.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan