Kiwari.co.id — Diaku ku sakuliah dunya Indonesia jadi salah sahiji wewengkon anu boga bagéan penting dina maluruh kahirupan manusa purba.
Teu gaplah kasohor dilandih museum manusa purba lantaran 60℅ fosil manusa purba dunya katimuna di Indonesia.
Di pulo Jawa di Jawa Tengah, aya situs Sangiran jeung di Jawa Timur aya situs Trinil, anu jadi puseur panglobana papanggihan fosil manusa purba.
Perenahna di pulo Jawa kénéh, kumaha ari Jawa Barat? Aya anu sohor nyaéta situs purbakala téh nyaéta Gunung Padang.
Geuning fosil manusa purba mah teu kapanggih di situs Gunung Padang, terus di mana atuh, fosil manusa purba minangka pituduh tapak kahirupan purba di tatar Sunda téh?
Salian tina alamna anu éndah luar biasa eksotik, Jawa Barat mibanda misteri anu kacida jerona
Salah sahiji misteri anu jadi tanda tanya gedé téh nyaéta saha jeung di mana manusa munggaran anu nyicingan lemah Sunda ieu.
Pikeun miceun rasa kapanasaran ieu, hayu urang longok hiji lelewek di Bandung Barat perenahna di kacamatan Cipatat aya hiji guha purbakala anu ngaranna Guha Pawon.
Karst Citatah anu ngembat ti Padalarang nepikeun ka Rajamandala mangrupakeun gunung jeung papasiran Gamping kalayan luhurna antara 700 nepikeun ka 900 méter di luhur beungeut laut. Di dieu pisan perenahna Guha Pawon.
Loba anu teu nyangka di satukangeun Karst Citatah anu kiwari méh rék béak dempes ditambang di sababaraha lelewek téh aya situs arkeologi anu kacida penting pikeun sajarah manusa di Jawa Barat katut Indonesia.
Mangsa léngkah mimiti nepi di Guha Pawon urang baris diajak mapay gorowong mangsa pikeun balik deui ka rébuan taun kalarung.
Beruk-beruk atawa jinis monyét buntut panjang baris mapag di sabudeureun saméméh asup kana biwir guha.
Anjog kana lawang guha, bau anu senget tina kotoran rébuan lalay bakal minuhan pangangseu. Maranéhna rabeng patingkalayang jeung patingdaraplok dina lalangit guha.
Mangsa léngkah napak di lanté kadua di jero Guha Pawon baris kapanggih fosil-fosil manusa purba, salian ti éta rupa-rupa artepak jeung sesemplékan jinis pakakas anu kungsi digunakan ku manusa purba ogé nyampak di dieu.
Di Guha Pawon urang baris bisa ngimpleng kumaha kahirupan manusa purba mimiti dahar, moro, saré, katut milampah kahirupan baheula.
Gua Pawon téh bisa diibaratkeun karaton manusa purba padahal puluhan taun anu kalarung mah, Guha Pawon saukur lelewek mencil anu dijadikeun tempat pangreureuhan para panambang.
Harita, mangsa puluhan taun kalarung tayohna taya anu ngira ieu lokasi neundeun rusiah sajarah karuhun Nusantara, pangungkaban deui Guha Pawon sanggeusna Kelompok Riset Cekungan Bandung ngalakukeun survei jeung pametaan geologi di kawasan Guha Pawon sakitar dina bulan Mei 1999.
Saprak panimuan éta, panangkesan panalitian arkeologi di kawasan Guha Pawon ditangkes ku tim ti Balai arkeologi Bandung.
Teka-teki ayana manusa prasejarah di Guha Pawon kajawab dina September 2003 ku ditimukeunana rorongkong manusa prasejarah mangrupa tulang tangkorak bagian caréham luhur jeung handap.
Satuluyna éta panimuan téh disebut rangka 1, dina dangka waktu ti taun 2004 nepikeun 2017, tim ekskavasi Guha Pawon geus manggihan 7 individu prasejarah anu disebut manusa Pawon.
Rorongkong manusa pawon kapanggih dina lapisan taneuh anu béda dina rentang umur mimiti ti 5.600 nepikeun ka 9.500 taun kalarung.***
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : Ris Bhuwana