“Dan! Rék milu? Sayah rék niis, hareudang yeuh.” Teu nunggu jawaban nu ditanya, Bagas kaluar tina ténda.
“Moal ah, ieu keur resep ningalian photo.” Wildan tonggoy ngalak-ngilik photo meunang jeprétan tadi beurang mangsa muncak na kamera Canonna, dibaturan ku Rony.
Langit ceudeum nambah poékna peuting di puncer Gunung Gupit. Pihujaneun nu sagebrét-gebréteun bangun nu wegah turun, ngelekebkeun hawa nu matak hareudang bayeungyang.
Sawatara kedapan.
“Dan! Sayah rék ka luhur nya keudeung.” Bagas ngaléngkah nonggoh, headlamp naplok na tarangna nyaangan jajalaneun.
“Nya sok, tong jauh teuing Gas!” Kadéngé Wildan némbalan diheueuhkeun ku Rony.
Léngkah demi léngkah teu karasa suku Bagas ngajauhan tempat manéhna, Wildan jeung Rony ngadegkeun ténda deukeut gawir hareupeun sédong nu rajeg tatangkalan, ngahaja diadegkeun lebah dinya sangkan atra ningali meletékna panon poé mangsa pajar, jeung teu pati katebak angin teuing dina mangsa angin ngagelebug ka subuhnakeun.
“Har, geuning aya batur?” Bagas ngagerendeng, haténa semu bungah asa aya pibatureun ngobrol, panonna nelek-nelek jirim jalma di puncer, katingalina siga keur diuk na Karang nu pangluhurna.
“Héy, A! Nuju naon?” Bagas ngawanikeun manéh nanya, ngagalacang mancal kana karang nu nangtawing.
Nu ditanya teu némbalan, tonggoy diuk nukangan. Karék gé Bagas anjog ka satukangeun éta jalma nu dijakét beureum, sapok-pokeun nyarita bari rék noél, ujug-ujug jalma nu disampeurkeunana ngoléang kana gawir, tapi anéhna taya sora nu kadéngé, boh kocéakna, boh gorobasna, nyanghareupan kaayaan nu teu disangka-sangka kitu, Bagas ukur bisa hareugeueun, ngahuleng satengah teu percaya kana naon nu kasaksian.
“Héy, A, A!, ka mana jelema Téh?” Bagas nyebrotkeun headlampna nyoba-nyoba néangan jalma nu ragrag bieu. Weléh nyamos taya nanaon, réhé taya sora nu kadéngé.
“Boa-boa halusinasi kitu, atawa…” Bagas teu kebat ngagerendengna, teu wani neruskeun panyangkana, teu antaparah deui, jrut turun, leumpang gagancangan satengah lumpat, teu nolih rumpil jeung rembetna titincakeun, nu kapikir hayang buru-buru nepi kana ténda sarta ngadongéngkeun naon rupa nu geus kaalaman.
Cahya srangéngé sumirat belah wétan, hibar cahya beureum semu konéng ngalapis haseup Ipis ayang-ayangan, éstu matak éndah katingalina, matak betah nempona. Meletékna panon poé nu mucunghul lalaunan ti satukangeun gunung nu disarebut sunrise ceuk barudak pendaki mah istuning mangsa atawa moment nu kacida diarep-arepna.
Cikopi haneut na cangkir séng maturan nu keur nyawang langit lebah wétan ti biwir gawir hareupeun ténda.
“Gas, ké geus rada caang urang tempo tempat nu ku énté dicaritakeun peuting téa!” Rony meupeuskeun simpé.
“Nya bener, Wildan gé panasaran!” Wildan mairan.
“Hayulah!” Bangun nu sumanget naker Bagas ngahayukeun.
Panon poé geus sadeupa anggangna ti luhur gunung belah wétan. Sora manuk patingcarécét patingcaruit baracéo mapag wanci isuk nu miang ka beurang, dianteurkeun ku angin nu ngahiliwir mawa watek tiis tingtrim. Tilu budak ngora nu ngahaja ngadon camping di Gunung Gupit patingarasrod, séséléké na sela-sela karang puncer gunung batu.
“Ron, Dan! Asa bau bangké nya?” Liang Irung Bagas rebah-rebéh, ungas-ingus.
“Enya, bener, bau bangké naon nya?” Bari luak-lieuk Rony milu ungas-ingus néangan asal bau nu nyegak.
“Bangké manuk atawa careuh meureun!” témbal Wildan.
“Ah, asa piraku nepikeun ka banget kieu bauna mun bangké manuk mah!” Bagas nembrakeun pamikiranana.
“Gas, Dan, tingali!” Rony nyelengkeung, curukna jicir nunjuk ka lebah gawir.
“Aya naon, Ron?” Méh ampir bareng Bagas jeung Wildan nanya, ngaronghéap, nuturkeun panénjona ka lebah nu ditunjuk ku Rony.
“Waduh, Astagfirullohal azhim, Inna Lillahi Wa Inna Ilaihi Roji’un.” Barudak pendaki ampir bareng ngarucap bari mengék irungna séwang-séwangan, paneuteupna ditujukeun ka waruga lalaki jakét beureum, satengah awakna geus buruk jeung béak némbongkeun tulang-taléngna, nangkarak bengkang luhureun karang, batok tangkorakna peupeus. (Ki_aris)
Cag.
#Carpon_Ransel