Hayang Muka Alfamart Sorangan di 2025, Cék Syarat jeung Modalna

Kiwari.co.id – Jaringan minimarket Alfamart mah nerapkeun skema waralaba atawa franchise keur sing saha baé anu katarik bisnis di widang ieu. Teu hémeng, Alfamart téh mibanda jumlah total welasan rébu gerai di Indonesia.
Sahenteuna, aya tilu ji gawé bareng franchise Alfamart sakumaha dilansir situs resmi pausahaan.

1. Franchise Gerai Anyar
Gawé bareng ieu téh dilakukeun kalawan muka Alfamart anyar anu asalna tina usulan lokasi ku calon franchise Alfamart. Anapon tahap-tahap enggoning muka franchise Alfamart anyar, mimiti tina:

– Presentasi awal

– Evaluasi lokasi jeung panyatujuan

– Presentasi proposal

– Pajangjian gawé bareng

– Pamukaan toko

Pihak Alfamart ogé nyayagikeun pilihan tipe rak anu diluyukeun jeung gedéna modal tur ukuran wangunan anu dipibanda ku calon franchise.

– Tipe gerai 9 rak (30 m2): Rp300 jt

– Tipe gerai 18 rak (60 m2): Rp350 jt

– Tipe gerai 36 rak (80 m2): Rp450 jt

– Tipe gerai 45 rak (100 m2): Rp500 jt

Modal éta geus ngalimpudan:

– Franchise Fee gedéna Rp45 juta keur 5 taun

– Instalasi listrik

– Pakakas gerai jeung air conditioner

– Cash register jeung sistem informasi ritel

– Shop sign jeung pole sign

– Paidinan gerai

– Promosi jeung sasayagian paangbukaan gerai

Perelu dipikanyaho, nilé estimasi investasi éta téh di luar investasi properti tur bisa robah luyu kondisi dina mangsa prosés pangbukaan gerai.

2. Franchise Gerai Anyar – Konversi
Gawé bareng ieu mah nawarkeun franchise ka pamilik toko minimarket lokal atawa kolontong anu hayang ngamekarkeun usahana leuwih gedé. Alfamart méré dua hal kamudahan pikeun para pamilik toko anu nyokot program ieu, nyaéta:

– Pangakuan barang dagangan milik toko minimarket lokal atawa kolontong minangka barang dagangan keur stok pangbukaan gerai franchise Alfamart

– Rak milik toko minimarket lokal atawa kolontong bisa digunakeun tur diaku minangka pangurangan biaya investasi (kriteria rak kudu luyu jeung standar rak gerai Alfamart)

Anapon sajumlah tahapan dina gawé bareng ieu, nyaéta dimimitian tina:

– Presentasi awal

– Stock opname 1

– Pajangjian gawé bareng

– Stock opname 2

– Pangbukaan toko konversi

3. Franchise Gerai Take Over
Gawé bareng anu pamungkas mah nyaéta ku meuli gerai Alfamart anu geus operasi kalawan harga “paket” anu geus ditangtukeun. Gendéna modal keur jinis franchise gerai take over bervariasi mimiti tina Rp 800 juta.

Gedéna modal éta geus ngalimpudan:

– Franchise fee gedéna Rp 45 juta keur 5 taun

– Séwa lokasi keur 5 taun

– Pakakas gerai jeung air conditioner (AC)

– Cash register jeung sistem informasi ritel

– Shop sign katut pole sign

– Pajangjian gerai

– Goodwill

Anapon tahapan-tahapan dina gawé bareng franchise gerai take over téh, nyaéta:

– Presentasi awal

– Kasapukan pameulian

– Pamindahan paidinan

– Pajangjian gawé bareng

– Take over

Waragad Royalti Alfamart
Pikeun mitra anu muka gerai Alfamart baris dikeunakeun royalti. Waragad ieu téh diitung kalayan progresif tina pangjualan beresih gerai anu tur tacan kaasup pajak.

– Pangjualan beresih Rp 0 nepi ka Rp 150.000.000: royalti 0%

– Pangjualan beresih Rp 150.000.001 nepi ka Rp 175.000.000: royalti 1%

– Pangjualan beresih Rp 175.000.001 nepi ka Rp 200.000.000: royalti 2%

– Pangjualan beresih Rp 200.000.001 nepi ka Rp 250.000.000: royalti 3%

– Pangjualan beresih Rp 250.000.001 ka luhur: royalti 4%

Syarat Muka Gerai Alfamart
Sing saha baé bisa muka gerai Alfamart ngaliwatan gawé bareng waralaba. Ngan, aya sajumlah pasaratan anu kudu dicumponan, nyaéta:

1. Mibanda minat dina industri minimarket

2. Warga Nagara Indonesia kalwan Badan Usaha (CV, PT, Koperasi, jeung Yayasan)

3. Enggeus atwa arék mibanda lokasi tempat usaha kalayan lega area sales minimal 100 m2 (diluar gudang jeung rohang administrasi). Total legana lahan ± 150 m2 s.d. 250 m2.

4. Nyumponan pasaratan paidinan kayaning Izin Tatangga, Izin Domisili, SIUP, TDP/NIB, NPWP, NPPKP, STPW, IUTM (béda-béda saban wewengkon).

5. Sayagi miluan sistem jeung prosedur anu lumaku di Alfamart.

Éta sarat jeung modal anu dibutuhkeun pikeun muka gerai Alfamart kalayan sababaraha model franchise.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan