SampurasunWartaWarta Internasional

Hotél Agréng anu Kapopohokeun di Tengah Leuweung, 7 Dekade Bangkar!

Gávea Tourist Hotel, hotél bangkar di Brazil. Foto: via Express

Kiwari.co.id – Hiji hotél di Brazil anu ngaranna Gávea Tourist Hotel, saukur nyésa ngaran jeung raraga gedongna wungkul. Hotél anu dina awalna ditargétkeun bisa operasi dina 1950-an pamustunganana mah bangkar.
Nyutat Express, Gávea Tourist Hotel téh ngadeg di Leuweung Tijuca, Rio de Janeiro. Leuweung Tijuca téh mangrupakeun leuweung kota panggedéna di pagunungan kota Rio de Janeiro. Ieu leuweung kota téh kaasup cagar alam kalawan legana 39 km pasagi.

Tina foto anu sumebar, taya wangunan jangkung anu katara di antara kakayon di éta leuweung mah, iwal ti hotél bangkar ieu. Gávea Tourist Hotel téh bisa mucunghul di antara kakayon anu geledegan lantaran ku jangkungna. Ieu hotél téh minanda 16 lanté kalawan legana lahan 30 rébu méter pasagi. Di jerona sakuduna mibanda 440 enggon anu bisa diséwakeun.

Hanjakalna, pangwangunana teu anggeus, malahan ieu hotél téh tacan kungsi resmi digunakeun pikeun tempat pamondokan.

Dina taun 2011mah, pamaréntahan di dinya téh hayang nyokot alih éta wewengkon tur boga rancana muka deui éta tempat ku maké ngaran anyar.

“Pada tahun 2011, ketika kami mengambil alih, kami menemukan hambatan tentang pembangunan (ulang) bangunan yang ditinggalkan ini. Kami menemukan orang-orang tinggal di sini dan beberapa bangkai mobil,” ceuk Marcos Cumagai, anggota dewan administrator anyar Gávea Residence and Corporations kepada G1, sakumaha anu dicutat dina Saptu (28/12/2024).

Ngan, inyana mah teu ngabéjakeun saha-sahana jalma jalma anu cicing di éta wangunan téh saha atawa kumaha maranéhna hirup di dinya. Ngan baé, inyana nambahkeun aya ogé wisatawan anu katingali ngulampreng ka éta hotél pikeun minikmat pamandangan.

Ku mireungeuh réana jalma anu ngadongdon hotél bangkar ieu téh, antukna pamaréntah nutup akses utama kana éta wangunan.

“Kami menutup kawasan tersebut. Tetapi, wisatawan dan anak muda pengagum alam menyerbu tempat tersebut pada akhir pekan,” ungkabna.

Sababaraha urang ti wisatawan téh katara nyieun foto di hareupeun gedong. Aya ogé anu nepi ka nékad asup ka hotél anu kaluli-luli éta. Padahal mah di jerona taya lift. Maranéhna kudu ngaliwatan 270 hambalan keur bisa nepi ka lanté pangluhurna.

Sok sanajan teu kungsi réngsé diwangun, sababaraha rohangan mah kungsi digunakeun keur pésta gedé Peutingan Taun Anyar taun 1965. Di jerona ogé kungsi aya klub malam reujeung Sky Terrace anu operasi.

“Menurut saya, pada tahun 70-an atau 80-an, ada sebuah klub malam di sini. Mereka mengadakan beberapa pesta di atap. Itu terjadi sekitar satu tahun dan kemudian ditutup,” catur Cumagai.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Sampurasun