Ieu Anu Ngabalukarkeun Pasokan Cai PDAM Ka Warga Cilame KBB Mandeg Jeung Bau

Ngamprah-Kiwari.co.id, Pasokan cai ti Perumda Tirta Wibawa Mukti Kabupatén Bandung Barat (KBB) mandeg jeung bau diangluhkeun warga Cilame. Sanggeusna disalusur tim teknis kabuktian panyababna téh nyaéta ayan kabocoran pipa.

Nyikepan éta angluhan, manajemen perusahaan pelat merah milik Pemda KBB ieu nerejunkan tim pikeun ngoméan pipa anu bocor sangkan pasokan cai lancar deui.

Manajer Umum Perumda Tirta Wibawa Mukti KBB Mohamad Arip nyaritakeun, langsung nerejunkeun tim teknis pikeun nalungtik naha kajadian masalah kieu.

Tim nyalusur pipa saluran cai anu ngalir ka wewengkon Désa Cilame, Kacamatan Ngamprah anu diangluhkeun warga.

“Tim teknis geus diterejunkeun ka lapangan tur ayeuna kondisina geus normal deui alatan pangkal masalahana geus kapanggih, ” ceuk Manajer Umum Perumda Tirta Wibawa Mukti KBB, Saptu (24/6/2023).

Mohamad Arip nandeskeun, permasalahan pasokan cai anu teu normal téh lain lantaran aya kerusakan dina Water Treatment Plant (WTP) atawa Instalasi Pengolahan Air (IPA) anu aya di Kampung Muril, Kacamatan Cisarua, KBB.

Fasilitas sistem pangolahan cai itu téh masih fungsi kalayan hadé. Tapi balukar panyocokan urut kabocoran di jalur pipa di Pasirhalang, antukna pasokan cai jadi kotor, bau, jeung teu normal k palanggan.

Ayeuna kendala éta téh geus dioméan jeung hasil pangecékan aliran cai normal deui sakumaha biasa.

“Ayeuna geus réngsé jeung normal deui. Ka hareupna urang baris terus ningkatkeun palayanan jeung maintenance sangkan nalika aya kendala bisa dikanyahokeun ti awal kénéh,” pokna.

Mohamad Arip mastikeun pikeun fasilitas pangolahan cai di Muril, Cisarua, jalan kalayan hadé. Ku ayana kitu masarakat palanggan sambungan imah teu perelu hariwang. Sanajan ayeuna geus asup usum halodo tapi sumber cai baku masih cukup.

Saméméhna pasokan cai ti Perumda Tirta Wibawa Mukti, KBB, diangluhkeun ku para palangganna. Pasalna dina sababaraha poé ahir cai anu ngalir remen kotor jeung bau nepikeun ka teu pantes dikonsumsi.

Saperti anu diangluhkeun ku warga di Kampung Ciwantani RT 05/17, Désa Cilame, Kacamatan Ngamprah.
“Caina kotor semu hideung jeung bauna teu ngeunah, jadi sieun dipaké keur masak atawa nginum,” ceuk salah saurang warga, Jajang Solihin ka wartawan iNews, I’d. Jumaah (23/6/2023).

Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : Ris Bhuwana

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan