Kiwari.co.id – Minangka wewengkon pangpadetna, pangwangunan di Jabar (Jawa Barat) téh dinilé tacan walatra tepika jadi paniténan Girangpangagung Jawa Barat, Dedi Mulyadi.
“Jawa Barat ini provinsi menurut saya paling aneh,” ceuk Gubernur Jawa Barat, Dedi Mulyadi mangsa di DPR.
Nurutkeun Dedi Mulyadi, jumlah padumukna méh 50 juta tur panglobana di Indonesia. Ngan, ceuk Dedi Mulyadi mah jumlah désana saeutik tibatan Jawa Tengah (Jateng). Pon kitu deui jumlah kalurahanana, katut kacamatanana paling saeutik batan Jawa Tengah. Tepika, ceuk Dedi Mulyadi, désa di Jawa Barat aya anu nanggung padumuk 150 rébu jiwa.
“Nah, komposisi dana desa itu pendekatannya tidak seperti itu,” pokna Dedi Mulyadi.
“Tetap saja pendekatan-pendekatan normatif daerah ini yang harus segera dilakukan evaluasi,” jéntré Dedi Mulyadi.
Satuluyna, sambung Dedi Mulyadi, atuh geus sakuduna Komisi 2 DPR ngaluluguan daérah-daérah désa anu geus robah karakterna jadi kalurahan.
Sababna mah, catur Dedi Mulyadi, patuwuhan industri kudu sagancangna dijieun kalurahan lain désa deui.
“Karena pendekatan kewilayahan sudah tidak relevan lagi dengan jumlah penduduk yang tidak monokultur, yang sudah plural, yang perlu dilakukan pendekatan birokratif bukan berdasarkan pendekatan politik. Ini yang harus dilakukan,” pungkasna Kang Dedi Mulyadi.
Ropéa basa: Agus Rohmat