Jalan Ruksak di Ngamprah Viral, Netizen Ramé Ménta Tulung ka KDM: KBB Teu Gaduh

Ngamprah, Kiwari.co.id – Karuksakan jalan di wilayah Kabupatén Bandung Barat (KBB) nyontang paniténan balaréa deui. Ayeuna mah aksés utama anu perenahna di Kampung Salem Lapang, RT 02 RW 17, Désa Bojongkoneng, Kacamatan Ngamprah, jadi sorotan sanggeus videona viral di media sosial.

Jalan anu sakuduna mah jadi urat nadi ekonomi jeung pangdidikan warga éta téh katara ruksak parna. Bagian tengah jalan masih mangrupa batu jeung lombang-lombang jero, malahan mah pinuh leutak mangsa hujan mah. Samentara sisi jalan sawaréhna mah geus dibeton.

Dina video anu sumebar di akun Instagram @infobandungbarat, katara warga réréongan nyawurkeun batu sangkan jalan bisa diliwatan kandaraan. Maranéhna nyebutkeun yén ieu jalan téh mangrupakeun akses vital keur patani jeung barudak sakola.

“Inilah kondisi jalan utama masyarakat, rusak parah dan membahayakan,” ceuk komentar salah saurang warga dina video anu ditingali dina Rebo 23 April 2025.

Karuksakan jalan di Kampung Salem Lapang, Désa Bojongkoneng, Kacamatan Ngamprah, Kabupatén Bandung Barat, jadi sorotan balaréa sanggeus viral di media sosial/Foto : Deni Supriatna /PR JABAR /

Éta Unggahan téh meunang respon pohara nepikeun ka dilalajoan leuwh ti 82 rébu kali, meinang rébuan misuka, katut ratusan koméntar. Warganet téh ramé-ramé nyoarakeun kakuciwaanana, malahan mah malédogkeun sindiran seukeut ka Pamaréntah Kabupatén (Pemkab) Bandung Barat kaasup Bupati Jeje Richie Ismail anu dinilé teu bisa gawé ngaréngsékeun pasualan infrastruktur di KBB.

Malahan mah sababaraha urang netizen ménta Gubernur Jawa Barat, Dedi Mulyadi anu dalit digentra KDM, éta panggero téh diharepkeun sangkan KDM bisa turun leungeun langsung ngalongok kondisi jalan ruksak parna di Bandung Barat.

“KBB mah teu gaduh Bupati, jadi punten ka @dedimulyadi71 pang lereskeun,” tulis akun @ddsertiadi.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan