Lalakon : Rajapati Di Mumunggang
Dangdaunan aroyag katebak angin leutik ngahiliwir. Sora cai ngélérék dina kamalir paselang jeung sora manuk anu récét bangun galumbira mapag srangéngé nu mimiti nguniang mébérkeun jangjang beurangna, seja nyumponan pancén ti Nu Maha Kawasa pikeun méré caang jeung haneutna sangkan kahirupan dunya ngamalir sakumaha mistina, loyog jeung katangtuan nu geus diguratkeun.
“Jaka, geura mandi jig!”
Lalaki kolot nu nyebut manéh Aki Panyungsi nyelengkeung ti pawon nitih beberesih ka budak umur 6 taunan nu masih ngaréngkol disimbut sarung lalayu sekar.
“Muhun, Ki,”
témbalna, nguliat, babatek. Kencling indit muru pancuran pipir imah hateup eurih dina léngkob anu kénca katuhueunana abig cadas nangtawing.
“Jaka, kasép, ti ayeuna hidep cicing jeung Aki, keun tong dipikiran bapa hidep mah, keun sina tingtrim di alam kuburna, anggur du’akeun ku hidep sangkan sihampura sagala dosa perdosaanana, ditarima Iman islamna, dicaangkeun, dilegakeun alam kuburna!”
gelentis Aki Panyungsi mangsa mireungeuh Jaka huleng jentul sisi balong gigireun imahna. Jaka ukur unggeuk, rumahuh bangun miceun bangbaluh.
Ti mimiti isukan wayahna ku Aki, hidep dijieun murid, Aki moal kagok nyaah ka hidep, sangkan Jaka bisa jadi jalma nu loba guna jeung paédahna keur sasama, tulung tinulungan ka papada jalma, nulung nu bingung, nalang nu susah!”
pokna deui.
“Muhun, Ki”
témbal Jaka, malik.
Ayeuna mah milu ka Aki, urang moro ka leuweung yu!”
Aki Panyungsi ngojéngkang, gap kana gondéwa jeung wadah jamparing laju sisoléndang. Jaka nguniang, tuluy ngiclik satukangeunana.
Gunung Halimun rajeg ku kakayon nu jarangkung badag jangotan tur rékép, sabangsaning rurungkunan pating garumpluk paselang jeung rarambu leuweung séjénna, hieum, katambah halimun bangun nu embung ingkah, salawasna kumalayang ngahalangan tembusna cahya srangéngé nu teu bisa nepi kana lanté alas nu rembet, perenahna aya di sakiduleun Cadas Gorowong panganjirekan Aki Panyungsi.
Jalan satapak nu arula arileu mapay gawir nu lungkawing jadi panyambung pikeun lalar liwat sapopoé.
Tayohna jadi paninggaran geus jadi pacabakan Aki Panyungsi nu geus matuh. Kawantu leuweung geledegan, leuweung gonggong simagonggong nu arang langka kasaba ku jalma loba, kaayaan leuweung gunung Halimun istuning geueuman nakeranan, pantes mun seug jadi panonoban sabangsaning sato galak, jeung sato-sato séjénna nu jadi pangeusina.
Belesat, clep, jamparing meneran kana kekemplong mencek nu keur anteng nyatuan sis lamping, bru rubuh, cokorna oséh-oséhan, gep ku Aki Panyungsi dicerek, gérésél, seuseukeut bedogna maragatkeun urat beuheungna, gewor, getih seger ngagolontor tina tatu pameuncitan, kusek, hos, mencek téh paéh sapada harita.
“Sok talian sukuna, Jaka! Keun wéh ké di imah ngurusna may,”
Aki Panyungsi paparéntah, ngasongkeun tambang tisuk leutik.
Nu diparéntah ukur hareugeueun, tayohna reuwas jeung soak mireungeuh kajadian anu teu biasa kasinghareupan samodél kitu.
“Éh ieu mah budak, lain ngajeletun kitu! Hayoh rikat atuh!”
Aki Sanip ngagebah, imut kanjut, kagugu ku polah Jaka nu ukur bisa neuteup mata simeuteun.
Srangéngé geus ampir ménggok ngulon, wanci geus kasorénakeun. Lalaki kolot dituturkeun ku budak umur 6 taunan manggul awak mencek, laleumpang mapay jalan satapak kaluar ti rembetna leuweung gunung Halimun nu hieum.
Cag
Carnyam_Ransel
Hatur nuhun pisan tos ngadamel carita dongeng sapertos kieu abdi ngarais k hibur pisan…. Pami di widian mah abdi hoyong di ajar ngadongeng ku judul dongeng iyeu ku abdi bade di k YouTube keun…
hatur nuhun pangangkenna pangersa, hapunten anu kasuhun simkuring oge masih diajar
Punten aya keneh terasa namatey kitu?
Milarian bagian ka 6 na teu aya?