Jakarta, Kiwari.co.id — Aya hal anu matak kagugu mangsa saréngséna panetepan nomer calon presiden di kantor KPU Jakarta.
Éta kalakuan téh dilakukeun ku salah saurang calon presiden no urut 2 nyaéta calon presiden (capres) Prabowo Subianto ngalakukeun jogéd jeung ajrét-ajrétan saréngséna nepikeun biantara dina acara pangundian nomer urut pasangan capres-cawapres di Kantor KPU, Jakarta, Salasa (14/11) peuting.
Prabowo meunang giliran kadua pikeun biantara. Nomer urut anu sarua jeung nomer urut anu dineunangkeun di Pilpres 2024, nyaéta nomer dua.
“Saya sangat sependapat dengan pasangan calon nomor satu, terutama yang disampaikan Gus Muhaimin, sahabat lama saya. Saya juga punya pantun. 1 2 cempaka biru, 3 4 dalam jabangan, kalau mendapat kawan baru, kawan lama dilupa jangan,” pokna Prabowo dina biantarana.
Sanggeusna Prabowo réngsé biantara Anies Baswedan jeung Muhaimin Iskandar (Cak Imin) katara nyampeurkeun Prabowo anu digédéngan Gibran Rakabuming Raka.
Satuluyna maranéhna ngalakukeun tos tur sasalaman. Prabowo katara jogéd jeung ajrét-ajrétan bari nuju kana tempat asalna diuk.
Katilu pasangan capres-cawapres pamilon Pilpres 2024 geus resmi meunang nomer urut.
Anies-Cak Imin meunang nomer urut 1, Prabowo-Gibran meunang nomer urut 2, katut pasangan Ganjar Pranowo-Mahfud MD meunang mah nomer urut 3.
Mangsa kampanye téh bakal dimimitian dina 28 November 2023. Sedengkeun Jadwal pamungutan sora mah baris digelar dina 14 Februari 2024 hareup.
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : RB