Kasang Tukang Tangtungan Misterius Patung Liberty: Singhoréng Lain Dewi Yunani, Lain Awéwé Samborong

New York, Kiwari.co.id – Patung Liberty, simbul ikonik Amerika Serikat (AS), tétéla neundeun carita anu teu réa dipikanyaho. Lain dewi Yunani atawa tangtungan bangsawan Eropa, inspirasi awal patung ieu téh malah asalna ti saurang patani Mesir basajan. Kumaha bisa kitu?

Nurutkeun laman Ensiklopedia Britannica mah, Patung Liberty téh dirancang jeung dipahat ku pematung Prancis Frédéric-Auguste Bartholdi. Prancis téh nyumbangkeun patung kolosal éta ka AS dina 1875 pikeun miéling aliansi maranéhna salila Revolusi Amerika.

Dibéré judul Liberty Enlightening the World, éta patung téh ngagambarkeun Liberty anu dimakutaan, dipersonifikasikeun minangka saurang awéwé, ngacungkeun obor dina leungeun katuhuna sedengkeun leungeun kéncana mah nyekel hiji tablet maké tulisan “JULY IV, MDCCLXXVI,” tanggal dina angka Romawi mangsa Deklarasi Kamerdekaan diadopsi.

Patung Liberty téh salah sahiji lambang Amerika anu pangsohorna di sakuliah dunya, anu ngalambangkeun kamerdékaan, kabébasan, sarta libertas AS.

Inspirasi Awal: Kasengsrem ku Mesir Kuna

Patung Liberty dirancang ku Frédéric-Auguste Bartholdi, pamatung Prancis. Inyana mibanda karesep anu jero kana seni patung kolosal.

Bartholdi mimiti mecakan nyieun patung kolosal, patung anu ukuranana leuwih ti dua kali ukuran aslina, dina ahir 1850-an, méh 30 taun saméméhna Patung Liberty réngsé diwangun. Inyana kailhaman ku monumen klasik, kawas Colossus ti Rhodes, patung anu jangkungna ngahontal 110 kaki tur ngajungkiring jangkung di luhureun muara palabuan Rhodes.

Dina mangsa anu bareng harita inyana téh ngulik gaya Mesir kuna. Bartholdi ahirna mah ngajugjug Mesir dina 1856. Di dinya inyana hookeun ku Colossi ti Memnon, dua patung firaun Amenhotep III, anu mibanda jangkung 21 méter. Éta patung-patung téh jangkung ngajungkiring di luhureun ruruntuk Thebes kuna salila leuwih ti 3.200 taun.

Ngimpi di Terusan Suez: Patani Mesir Minangka Model

Dina 1869, Bartholdi téh ngajukeun proposal patung kolosal ka khedive Mesir, Isma’il Pasha, pikeun miéling bubukana Terusan Suez. Desainna dumasar ka sarang wanoja fallaḥ, atawa patani Mesir. Hanjakalna mah, teu réa informasi anu karékam ngeunaan éta fallah téh.

Milih saurang wanoja lain saukur kabeneran. Bartholdi misadar tradisi artistik Eropa salila mangabad-abad anu ngapersonifikasikeun ajén-ajén gagasan, jeung malahan nagara dina bentuk awéwé.

Jejerna Mesir Mawa Cahaya ka Asia, patung kolosal wanoja éta téh baris diusulkeun diperenahkeun di tengah Terusan Suez.

Hanjakalna mah, pangwangunan patung raksasa ieu téh dinilé kacida mahal. Mangsa harita, Mesir nyinghareupan masalah kauangan tur proyek éta téh dieureunkeun.

Transformasi Simbul: ti Mesir ka Amerika

Satutasna ngarandapan kagagalan di Mesir, Bartholdi teu pasrah kitu baé. Dina 1870 jeung 1871, Bartholdi ngarobah detail sketsana. Pakaian khas Mesir éta wanoja téh digantikeun ku jubah Yunani jeung cahya sumirat tina oborna lain sirahna.

Hiji makuta satuluyna ngagantikeun panutup sirahna, sedengkeun leungeun kéncana mah mawa hiji tablet. Luyu sketsa ti 1869, inyana masih nyepeng oborna ku leungeun nu ranggah, kalayan sikuna diposisikeun dina cangkéngna. Patung éta téh satuluyna kawéntar minangka Patung Liberty Amerika.

Éta patung téh satuluyna dipiwanoh minangka Patung Liberty, hadiah ti Prancis keur Amerika Serikat minangka simbul sosobatan jeung kabébasan.

Carita anu Katotolérkeun: Ngajén Inspirasi Awal

Carita ngeunaan patani Mesir anu jadi inspirasi awal Patung Liberty téa remen kapopohokeun. Padahal mah carita ieu téh nuduhkeun yén inspirasi bisa datang ti mana baé, malahan mah ti tempat anu teu kaduga. Patung Liberty lain saukur simbul kabébasan Amerika, tapi ogé simbul lalampahan budaya jeung ngimpi anu kawujudkeun.

Ajeg di Tengah Pulo Liberty

Patung Liberty téh ngadeg ajeg di Pulo Liberty, New York, mapag jutaan imigran anu anjog ka Amerika Serikat. Ngan, di satukangeun kaagrénganana mah, nyamuni carita saurang wanoja désa anu jadi inspirasi pikeun salah sahiji ikon paling kasohor di dunya. Carita ieu téh ngélingan urang pikeun salilana ngajén asal-usul jeung lalampahan panjang di satukangeun saban karya gedé.

Sosobatan AS jeung Prancis

Patung parunggu anu diresmikeun dina 28 Oktober 1886 diresmikan ku Presiden Grover Cleveland. Patung éta téh mangrupakeun hadiah saratus taun kamerdékaan Amerika Serikat tur mangrupakeun ungkaban sosobatan antara kadua nagara.

Situs Warisan Dunia UNESCO

Dina 1984 mah Patung Liberty téh kaasup kana daftar Situs Warisan Dunia UNESCO.

Akses Ngadeugdeug Patung Liberty

Padeugdeug teu dipungut waragad pikeun asup ka monumen nasional éta, ngan aya waragad keur transportasi kapal feri anu kudu disayagikeun. Kapal Feri anu miang ti Jersey City jeung Lower Manhattan, ogé baris eureun di Pulo Ellis mangsa dibuka keur balaréa.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan