Lembur KuringPanineungan

Kasugihan Alam jeung Tahayul anu Ngalimpudan Gunung Ciremai

Kasugihan alam jeung tahayul anu ngalimpudan gunung Ciremai

Kiwari.co.id – Dikurilingan panorama alam anu matak kataji, Gunung Ciremai téh neundeun daya tarik leuwih ti sakadar kaéndahan visual wungkul. Minangka gunung pangjangkungna di Jawa Barat, Ciremai téh neundeun carita-carita mistis jeung legenda anu geus lawas jadi bagian tina budaya wewengkon.

Teu saukur jadi tujuan wisata pikeun pacinta alam, gunung ieu ogé mincut ati para panikmat carita rakyat jeung tahayul anu diwariskeun turun-tumurun. Ayana karajaan mistis, tangtungan pangjaga goib, katut sora gamelan tanpa katingali juntrunganana, nyiptakeun suasana anu pinuh misteri jeung magis keur sing saha baé anu wawanianan nincakeun suku ka dinya mah.

Ieu tulisan téh baris mawa nu maca leuwih jero miwanoh kasugihan alam jeung cerita mistis anu ngalimpudan Gunung Ciremai, ngahadirkeun pangalaman padakian anu leuwih tina sakadar lalampahan fisik.

Gunung Ciremai téh remen disebut ogé Gunung Ceremai, nyaéta gunung api nyungcung kalawan luhurna 3.078 méter di saluhureun beungeut cai laut, ngajadikeunana gunung pangjangkungna di Jawa Barat mah. Nurutkeun sababaraha sumber mah, sacara administratif, gunung ieu téh asup kana wewengkon Kabupatén Kuningan jeung Kabupatén Majalengka.

Kalayan koordinat 6° 53′ 30″ LS jeung 108° 24′ 00″ BT, puncer Ciremai téh sohor ku kawah gandana. Kawah kulon boga radius 400 méter kapotong ku kawah wétan anu mibanda radius 600 méter. Dina luhurna 2.900 méter mah, aya urut titik beledugan anu dipiwanoh kalawan ngaran Gowa Walet.

Kiwari, wewengkon Gunung Ciremai téh ditangtayungan minangka sawaréh tina Taman Nasional Gunung Ciremai (TNGC) anu ngalimpudan area sakitar 15.000 héktare. Ngaran gunung ieu téh dicokot tina tuwuhan perdu ‘Ceremé’, anu baheula mah tuwuh subur di sakurilingna tur diwanohkeun ku pamaréntah kolonial Belanda.

Sacara geologis mah Gunung Ciremai téh kabentuk sakitar 7.000 taun anu kalarung tur kabentuk dina gunung api aktif tipe A. Catetan beledugan munggaran ieu gunung téh kajadian dina taun 1698, kalawan beledugan ahir mah kacatet dina taun 1937.

Gunung Ciremai téh kaasup kana “cincin api” atawa Ring of Fire, rangkéan gunung api aktif anu ngurilingan Samudra Pasifik. Sanajan kitu, Gunung Ciremai mah kawéntar minangka gunung anu ‘tenang’ dibandingkeun jeung gunung api séjénna, kawas Gunung Merapi.

Dina ranteng waktu 400 taun kaahir téh, Gunung Ciremai saukur ngalaman tujuh kali bitu tanpa catetan korban jiwa anu signifikan.

Tahayul jeung Legenda anu Ngalimpudan Gunung Ciremai

Teu saukur alamna anu matak kataji, Gunung Ciremai ogé sohor lantaran rupa-rupa sasakala jeung mitos anu ngurilinganana. Carita-carita ieu diwariskeun turun-tumurun tur masih dipercaya kénéh ku masarakat sabudeureun tug tepika ayeuna.

Di handap ieu sababaraha tahayul anu nambah pincutan mistis Gunung Ciremai:

1. Karajaan di Puncer Gunung

Nurutkeun sasakala (legenda) mah, di puncer Gunung Ciremai téh aya karajaan nu dipingpin ku saurang ratu sihir anu ngaran Nini Pélét. Sang ratu téh dikocapkeun mibanda kasaktén luar biasa anu najadikeunana dipihormat sakaligus dipikagimir ku padumuk. Tahayul atawa mitos ieu téh nyiptakeun aura mistis tur réa narik panengetan para padaki anu kapincut ku carita-carita goib.

2. Carita Nyi Linggi

Dina mitologi lokal, Nyi Linggi téh tangtungan wanoja anu tapa di Gunung Ciremai pikeun meunang kakuatan jeung kasaktén. Inyana téh dicaritakeun maot teu anggang tina tempat patapaanana, tur dua macan panganutna ogé ilang sanggeus tilarna harita. Masyarakat mercaya yén arwah Nyi Linggi téh masih kumelendang di sabudeureun éta tempat.

3. Maung Mata Nunggal

Sasakala atawa legenda séjén mah nyaritakeun ngeunaan hiji maung anu boga mata tunggal tur dipercaya minangka tutunggangan Nini Pélét. Ieu maung téh nambah kesan mistis jeung dipercaya minangka pangjaga éta wilayah, sahingga réa padaki anu ngarasa katangtang sakaligus waspada.

4. Sora Gamelan Jawa

Fenomena mistis lianna anu remen didonikeun padaki téh nyaéta kareungeuna sora gamelan Jawa di puncer gunung, padahal mah taya sumber waditra anu jéntré. Sora ieu téh dianggap minangka tanda kahadiran makhluk goib, ku kituna ieu téh nambah dimensi spiritual dina pangalaman padakian di Gunung Ciremai.

5. Putri Ciremai

Carita Putri Ciremai ogé kawéntar di masarakat sabudeureun. Ieu Putri téh anu kocap diculik ku saurang raja, anu bisa ngaloloskeun diri tur milih hirup dina patapaan. Réa anu percaya yén Putri Ciremai téh masih ngajaga gunung ieu tur baris méré berkah pikeun sing saha anu merlakukeun gunung kalayan hadé.

6. Jalak Hideung jeung Nyiruan

Tahayul séjénna nyaturkeun ngeunaan jalak hideung anu mindeng nuturkeun padaki tur dipercaya minangka padamping spiritual. Salian ti éta, aya ogé carita ngeunaan nyiruan hideung nu remen pisan ngaganggu padaki, tur dianggap minangka ujian atawa totondén ti alam.

Kaéndahan Alam jeung Kasugihan Budaya Gunung Ciremai

Tahayul atawa mitos ieu téh teu saukur nambah daya tarik Gunung Ciremai minangka tujuan wisata, tapi ogé ngagambarkeun kakayaan budaya wewengkon jeung kaarifan masarakat sabudeureun anu terus dilastarikeun.

Salian ti objek wisata, Gunung Ciremai ogé jadi tempat pikeun ngahormat tradisi, sajarah, jeung sasakala anu napel dina kahirupan masarakat di sabudeureunana.

Pikeun padaki anu wani naklukkan luhurna gunung ieu mah, carita-carita mistis ieu téh méré pangalaman ngadaki anu leuwih tina sakadar lalampahan alam tapi aya nuansa spiritual katut budaya anu kuat.

Gunung Ciremai mah teu saukur nawarkeun pincutan alam anu matak hookeun, tapi ogé pangalaman budaya anu sugih. Kalayan kaéndahan alamna anu matak mincut, sarta carita-carita rahayat anu pinuh lalangsé misteri, Gunung Ciremai téh terus jadi destinasi anu narik keur para patualang jeung pecinta alam.

Pikeun maranéhna anu katarik ku carita-carita goib atawa sakadar hayang minikmat panorama Jawa Barat ti tempat luhur, Gunung Ciremai téh nawarkeun pangalaman anu moal kapopohokeun.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *