KEKEBUL SUCI BAGEAN 1

Kaéndahan tatar Pasundan mémang geus kakoncara. Ngaplakna pasawahan, éstuning éndah, dipapaés rajegna tatangkalan anu aya di lamping-lamping sabudeureunana. Manuk leutik kayaning piit, keting, sarisit jeung bondol, rarécét dina buah paré anu patingpelenoy katebak angin.
“Husss…sieuhh…husss…huuss…!” Saurang jajaka ngagebahan manuk anu jadi hama dina mangsana nuju ka panén.
Jang Marwan. Enya Jang Marwan, saurang jajaka kampung umur dua puluh lima taunan, anak hiji-hijina ti Bi Lilis jeung Mang Kosim, anu padumukan asalna sarua ti kampung éta kénéh. Heueuh ‘Cinlok’ téa meureun ceuk babasaan barudak jaman kiwari mah. Kahirupan kulawarga Mang Kosim éstuning basajan, ngan ukur ngandelkeun tina hasil nyawah anu legana teu pati sabaraha. Sok sanajan kitu, kulawarga Mang Kosim mah sukur kacida masih kénéh boga usaha pikeun nyumponan pangabutuh hirupna, sok sanajan aya kalana kakurangan, kudu unjam-injeum pikeun nyumponan kabutuhan sapopoé, atawa sakalieun aya kaperluan anu ngadadak. Heueuh kabéh gé ampir sarua ari perkara éta mah, teu di jalma aya atawa nu teu boga, keukeuh wé sok aya kalana kapaksa ngahutang, malah nepi ka bijil babasan, hirup teu ngahutang mah moal laju, pajarkeun téh.
Sapopoé, Jang Marwan ngabantuan nu jadi bapana ngurus sawah. Henteu ari dipaksa ditititah ku kolotna mah, kahidengan sorangan wé éta mah, tamba kesel pajar téh. Atuh nu jadi kolotna gé jadi mingkin nyaah wé ka Jang Marwan téh.
“Wan…balik yu ah, geus Lohor tah!” ceuk Mang Kosim bari ngumbah paculna.
Jang Marwan ukur unggeuk. Gedig, duaanana baralik mapay-mapay galengan, sakapeung kudu luluncatan, sakalieun ngaliwatan kamalir jeung susukan leutik anu paragi nyaian sawah.
Sanepina ka imah, gancang Jang Marwan ka cai ngadon beberesih, ari Mang Kosim mah ngoréléng ka pipir imah, ngadon maraban dombana anu kari tilu siki deui.
“Ma, masak naon?” tanya Jang Marwan sakaluarna ti kamar mandi.
“Ieu, ngangeun kacang beureum,” témbal Bi Lilis bari ngarérét ka nu jadi anakna.
Jang Marwan ukur unggut-unggutan, terus ngoloyor ka kamarna rék salin baju, sakalian solat Lohor.
“Wan, manéh téh geus gedé ayeuna mah. Naha can resep ka awéwé?” tanya Bi Lilis, mangsa keur dalahar di tengah imah.
Enya Jang Marwan téh can bogaeun bébéné haté. Sok padahal ari dina beungeut mah kawilang kasép, dirojong ku awak nu tegep sarta gagah. Lain teu payu ari kitu téa mah, da nu nalaksir ogé teu saeutk, ngan pédah wé can aya anu sreg jeung haté Jang Marwan mah.
“Hehehee…tenang wé, Ma. Moal waka bobogohan ah, ayang pinter ngala duit heula. Éh, Ma, Pa…Marwan mah hayang gawé ka kota, hayang ngala duit sing loba, hayang ngabungahkrun Ema jeung Bapa,” ceuk Jang Marwan daria pisan.
“Hahahaa…Bapa jeung Ema mah geus ngarasa bungah ku ningali hidep bageur ogé, Wan. Bapa mah teu ngarep-ngarep paméré hidep. Ngan ari sual hayang gawé mah pêk téh teuing, wajar! Ngan éta, aya nu ngajak gawé kitu?” ceuk Mang Kosim ditungtungan ku pananya, bari kituna téh leungeun mah jongjon nyoélkeun surawung kana sambel tarasi nu dina coét.
“Aya, Pa. Si Dudi ditawaran ku mamangna cenah, gawé babantu ngurus taman, tapi ngabutuhkeun duaan,” témbal Jang Marwan, siga anu geus genah deui wé maké basa loma ka nu jadi kolotna téh, pajarkeun téh asa karagok rék ngomong lemes téh.
“Nya kumaha hidep wé ari éta mah. Ngan kudu puguh heula sagala rupana, tong ujug-ujug nyanggupan kitu waé. Tanyakeun heula perkara gajiha, pagawéanana, jeung sajabana,” ceuk Bi Lilis, milu mairan.
Jang Marwan ukur unggut-unggutan ngaregepkeun caritaan nu jadi indungna, bari tonggoy ngahuapkeun sangu, anu tadi kaselang ku wangkongan.
Bungah tur bagja Jang Marwansalila hirup jeung kolotna. Tétéla geuning kabagjaan téh lain ngan saukur diukur ku ukuran dunya, tapi kabagjaan ogé bisa kahontal ku réréongan dina kahirupan kulawarga.

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan