Kélébétkeun Bandéra dina Jero Laut, Komunitas Penyelam Gugudagkeun Sumanget Poros Maritim Dunia

Situbondo, Kiwari.co.id – Rupa-rupa cara dilakukeun masarakat Indonesia pikeun mapag Milangkala ka-79 kamerdékaan RI. Puluhan komunitas penyelam ngalakukan pangibaran bandéra Merah Putih di jero laut di kawasan objek wisata basisir pasir putih Kabupatén Situbondo, Jawa Timur.

“Ini adalah cara kami menyambut HUT ke-79 RI. Aksi kami mengibarkan bendera Merah Putih di dalam laut sebagai bentuk rasa patriotisme kami untuk bangsa ini,” ceuk saurang nu teuleum, Bismi Fadli Rohman, Saptu (10/8/2024).

Nurutkeun Bismi, sabagian gedé wilayah NKRI nyaéta maritim. Inyana umajak sakur masarakat sangkan milu ngajaga ekosistem laut pikeun ngawujudkeun Indonesia minangka poros maritim dunia.

“Laut Nusantara ini adalah potensi kekayaan kita yang harus kita jaga bersama. Kalau tidak bisa ikut menjaga, setidaknya tidak merusak,” caturna.

Sagigireun éta, pangokola objek wisata Labuhan Pasir Putih Imam Hidayat ngaku kacida ngaapresiasi aksi nyata komunitas teuleum éta. Kahadiran maranéhna dinilé kacida mibanda manfaat pikeun kalastarian wisata laut handap di kawasan objek wisata Pasir Putih Situbondo.

“Kami berharap aktivitas komunitas penyelam ini menjadi inspirasi bagi masyarakat yang lain, terutama para generasi millenial. Mari kita jaga laut kita,” pokna.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan