Kiwari.co.id – Mandalay anu kocap dilandih Kota Emas di Myanmar téh dina mangsa ieu mah, kalah bau pikagimireun.
Éta téh teu leupas tina lini anu mibanda kakuatan 7,7 Skala Richter. Réa nyawa ngalayang, nepika ahirna nyambuangkeun bau bangké anu segak di Mandalay.
Satemenna Mandalay téh mibanda sajuta wisata anu matak kasima. Pagoda anu ngagurilap jeung gundukan pajaratan Buddha nganjrek di Mandalay. Situs-situs sajarah ngajajar di dinya, mimiti tina Mandalay Hill, Désa kuil Buddha Sima nepika Mandalay Palace, urut hiji karaton karajaan.
Ngan kiwari mah Mandalay téh kaleungitan pamorna. Dicutat ti BBC, Rebo (2//4//2025) Mandalay minangka puseur lini ngajadi saksi rébuan kurban jiwa jeung tatu, angkana nghontal 2.700 urang tiwas jeung 4.521 urang tur ratusan séjénna ilang.
Padumuk di dayeuh pangpadetna kadua di éta nagara nyaritakeun yén maranéhna téh geus méakeun peuting-peuting bari teu saré ku ngulayaban di jalan-jalan alatan peunggas harepan lantaran sayagiaan kadaharan jeung cai ngorotan.
Réa pisan mayit nu ngahunyud nepika layon téh dikremasi dina tumpukan. Bauna segak nerekab, minuhan hawa.
Saurang padumuk Mandalay mah nyarita ngeunaan kaleungitan bibina dina éta lini. Bibina téh hiji tina sakitu réana layon anu dikremasi massal.
“Namun, jasadnya baru berhasil dikeluarkan dari reruntuhan dua hari kemudian, pada 30 Maret,” ceuk mahasiswi anu umurna 23 taun anu saukur daék dipiwanoh minangka J.
Infrastruktur anu goréng katut konflik sipil anu teu walatra kacida ngahalangan kana upaya bantuan di Myanmar téh, tempat militer mibanda sajarah dina neken skala bancana nasional. Jumlah korban tiwas diirong baris terus ngaronjat lantaran tim panyalamet téh réa meunang akses kana réana wangunan anu rubuh jeung distrik anu kapegat.
J, anu nganjrek di distrik Mahaaungmyay, Mandalay mah, ngarasa lieur lantaran kurangna saré. Réa padumuk anu cicing dina ténda atawa cicing di mana karep di sapanjang jalan, alatan inggis sésa-sésa imahna rubuh tur moal mampuh nahan lini susulan.
“Saya melihat banyak orang, termasuk saya, berjongkok dan menangis keras di jalan,” ceuk J.
Disagigireun éta dina biantara anu disiarkeun televisi dina poé Salasa, kepala militer Min Aung Hlaing nyaturkeun jumlah korban tiwas sigana ngaleuwihan 3.000, ngan Survei Geologi AS mah nyaturkeun dina poé Jumaah téh “sigana jumlah korban tiwas leuwih ti 10.000” dumasar lokasi jeung gedéna lini.
Saurang pendeta di dinya anu boga ngaran Ruate mah nyaturkeun ka BBC yén budakna anu umurna dalapan taun téh ngadadak ceurik sababaraha kali dina sababaraha poé kadieunakeun, sanggeus nyaksian sababaraha bagian lingkungan tempat cicingna kakubur di handapeun ruruntuhan dina sakedét nétra.
“Dia berada di kamar tidur di lantai atas ketika gempa terjadi, dan istri saya sedang menjaga adik perempuannya, jadi beberapa puing jatuh menimpanya,” pokna.
“Kemarin kami melihat jenazah dikeluarkan dari gedung-gedung yang runtuh di lingkungan kami,” ceuk Ruate, anu nganjrek di daérah Pyigyitagon.
“Ini sangat menyadarkan. Myanmar telah dilanda begitu banyak bencana, beberapa bencana alam, beberapa bencana buatan manusia. Semua orang menjadi sangat lelah. Kami merasa putus asa dan tidak berdaya,” pokna deui.
Lini minggu kamari ieu ogé ngabalukar ka Thailand jeung China. Dina Salasa (1/4), Myanmar nyepénkeun cipta salila samenit pikeun miéling para korban, minangka bagian tina minggu sungkawa nasional. Junta militer ménta sangkan bandéra dikélébétkeun satengah tihang, siaran media dieureunkeun, jeung ngagero jalma-jalma sangkan méré panghormatan pamungkas.
Ropéa basa: Agus Rohmat