Kiwari.co.id – Saurang wanoja di Tiongkok jadi sorotan sanggeus ngalancarkeun aksi bales dengdam ka staf toko Louis Vuitton anu dianggap ku inyana mah geus némbongkeun sikep adigung.
Insiden ieu téh kajadian di puseur pangbalanjaan StarLight Place, Chongqing, tur geus ngageunjleungkeun media sosial.
Éta wanoja téh maksa staf toko ngitung duit kontan lobana 600.000 yuan (satara Rp1,3 miliar) salila dua jam, tuluy indit tanpa meuli nanaon. Kitu petana éta téh mangrupakeun respons kana pangalaman tugenah anu ku inyana dirandapan dua bulan saméméhna.
Harita dina dongdonan munggaran ka éta toko dina Juni, inyana téh ngarasa teu dipiroséa tur teu dihargaan ku staf pangjualan. Inyana ngungkabkeun yén staf boga sikep teu pati saregep, kalah nuduhkeun barang-barang lila anu geus teu relevan, tur némbongkeun kateusabaran mangsa mairanana. Malahan mah, ménta cai nginum ogé diharé-harékeun.
Éta wanoja geus mecakan ngadonikeun angluhan éta ka kantor puseur Louis Vuitton, ngan teu meunang tanggapan. Ngarasa kuciwa, satuluyna inyana nyusun rancana bales dengdam. Dua bulan ti harita, inyana téh balik deui ka éta toko bari mawa sakantong duit kontan, direujeungan saurang asisten katut baturna.
Dina poé éta mah maranéhna mecakan sababaraha pakéan tur ngakuna arék ngalakukeun pameulian.
Anjog mangsana babayar, maranéhna masrahkeun éta duit kontant ka staf toko. Méh méakeun waktu dua jam pagawé toko ngitung éta duit.
Ngan, sanggeus proses ngitung duit réngsé, éta wanoja téh ngagétkeun sakur jalma ku nyaturkeun yén inyana robah pikiran tur bedo barang beulina.
“Setelah mereka selesai menghitung, saya langsung mengambil uang saya dan pergi.”
“Bagaimana mungkin saya membeli produk mereka untuk meningkatkan kinerja mereka?” tulis éta wanoja di platform media sosial Tiongkok, Xiaohongshu.
Aksi bales dengdam ieu téh kalawan gancang narik panangénan balaréa sarta jadi sabiwirhiji (viral) di media sosial. Réa pangguna Xiaohongshu mah anu muji léngkah éta wanoja téh.
Salah sahiji komentar nyebutna minangka “balas dendam paling memuaskan tahun ini.”
“Akhir cerita ini sangat menyenangkan. Saya selalu bertanya-tanya mengapa para asisten toko ini begitu sombong,” tulis saurang pangguna.
“Mereka menjual barang-barang mewah, tetapi bukan berarti mereka sendiri adalah barang mewah,” komentar pangguna lianna.
Ropéa basa: Agus Rohmat