Kiwari.co.id – Paperangan pasukan pahlawan nasional Untung Surapati jeung pasukan VOC lumangsung ragot. Harita pasukan Untung Surapati kadesek ku tarajangan-tarajangan ti pasukan pangjajah Belanda. Tapi tumbak Kiai Pleret, pusaka milik Karajaan Mataram anu kasohor sakti ngajadikeun robah sagemblengna.
Éta tumbak sakti téh niwaskeun sakadang kaptén VOC balukar tublesan ti pasukan tambahan anu dipingpin ku Pangéran Puger.
Na mangsa harita, Pangéran Puger diparéntah ku Raja Mataram Sultan Amangkurat II pikeun ngabantu Untung Surapati jeung pasukanana. Awalna patempuran anu lumangsung di Alun-alun Kartasura, Untung Surapati hasil maténi salah saurang pamingpin pasukan atawa kaptén VOC anu ngaran Kaptén Brikman. Sakadang kaptén VOC éta téh tiwas ku sabetan patrem atawa keris leutik anu kasohor sakti.
Tiwasna Brikman ngajadikeun pasukan VOC beuki buringas jeung merangan pasukan Untung Surapati. Kaptén Tack komandan pasukan VOC ogé murka gedé tur ngalancarkeun tarajangan hantem-hanteman ka pasukan Untung Surapati, sakumaha dicutat ti “Untung Surapati Melawan VOC Sampai Mati” tulisan Sri Wintala Achmad.
Komandan pasukan Belanda éta nata barisan tuluy balik narajang pasukan Untung Surapati. Tapi ieu tarajangan dihadang ku Untung Surapati jeung Patih Anrangkusuma. Maranéhna perang babarengan ngalawan VOC, teu ngarasa gimir saeutik ogé. Kaptén Tack sempet disodok tumbak, tapi teu keuna tatu, sang kaptén VOC éta balik nyerang Untung Surapati. Ku Untung Surapati, Kaptén Tack dideukeutan tur dipeupeuh hantem-hanteman, tapi teu dirasakeun. Tangtungan Kaptén Tack kasohor sakti jeung kebal pakarang seukeut. Samalah keris Surapati anu saméméhna hasil maténi Kaptén Brikman nepikeun ka potong congona. Sanggeus ngabalangkeun kerisna, Surapati ngaganti keris ku keris séjénna pikeun ditubleskeun kana dada Kaptén Tack. Tapi sang kaptén, masih tetep nangtung ajeg di hadapan Surapati.
Alatan kadesek, Kaptén Tack akhirna dibantu ku 12 urang opsir VOC séjénna. Maranéhna malik ngalawan anu ngajadikeun Untung Surapati kudu mundur tina médan laga pikeun ngaso ka Pagongan.
Tentara kompeni masih némbakan ti kaangangan. Dina mangsa ngaso ieu, Surapati diparéntahkeun pangawasa Mataram Sultan Amangkurat II pikeun nyanghareupanana. Di dinya Surapati sempet meredih ampun ka Raja Mataram Sultan Amangkurat II.
Tapi Raja Mataram Sultan Amangkurat II justru ménta Pangéran Puger jeung pasukanana pikeun ngabantu Untung Surapati, anu katara katétér. Pangéran Puger satuluyna turun ti sitinggil tur miang ka kamandungan. Inyaa satuluyna nyanglir para pasukan elite pilihanana pikeun sayaga perang.
Pangéran Puger sorangan satuluyna salin pakéan tur ngajugjug médan perang.
Gabungan pasukan Pangéran Puger, Untung Surapati, katut Patih Anrangkusuma ngajadikeun pasukan VOC jadi sakalumpat-lampét. Malahan Pangéran Puger langsung bisa nyinghareupan Kaptén Tack. Puger satuluyna dihujanan témbakan ku pasukan VOC, tapi inyana teu mundur sasiku ogé. Ku tumbak Kiai Pleret anu kakocap sakti, inyana narajang Kaptén Tack. Sang Kaptén VOC éta téh akhirna tiwas saharita balukar tumbak sakti Kiai Plered anu nanceb dina dadana. Mikanyaho Kaptén Tack tiwas, pasukan Pangéran Puger ngamuk nguwak-ngawik kadiya sabubuhan banténg tatu. Pasukan-pasukan Pangéran Puger numbak, nubles, jeung ngaleyek kalayan gangasna para pasukan VOC anu ngalempréh dina lemah, kalayan waruga baloboran getih nepikeun ka palastrana.
Amukan pasukan Pangéran jeung Untung Surapati téh ngabalukarkeun pasukan VOC loba anu tiwas. Teu kaitung deui lobana anggahota pasukan VOC anu tiwas mah, nepikeun ka layon-layonna patulayah jeung tumpang tindih.
Urang-urang VOC anu masih hirup kénéh mah pada lalumpatan sakalumpat-lampétnyalametkeun diri.
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : RB
Sumber : SINDOnews.com