Barudak KiwariMotekarUncategorized

Kuliner Motékar! 3 Resép Lauk Kuah Asem Seger anu Lezat

Kulinér Motékar 3 Resép Lauk Asem Seger [foto - iStoc]

Kiwari.co.id – Lauk mangrupakeun bahan kadaharan anu gedé manfaatna pikeun waruga jalma, boh lauk laut atawa lauk cai tawar sarua ngandung zat, mineral jeung protein anu dibutuhkeun ku waruga manusa.

Salian ti gedé maunatna, lauk cai ogé kacida ngeunah rasana nu matak loba anu mikaresep kana jinis kadaharan tina héwani ieu. Rupa-rupa olahan lauk cai geus jadi rupaning kasugihan kuliner anu ngareunah matak pikabitaeun ngahudang selera.

Lauk cai salian digoreng, ngeunah og ogé dipasak maké kuah asem. Lauk tenggiri, gabus nepikeun ka lauk kakap beuki sedep nyegerkeun rasana.
Dua jinis lauk laut anu boga daging kandel jeung gurih kawas lauk kakap jeung tenggiri, ngeunah dipasak maké kuah asem seger. Cai jeruk mipis jeung asem jawa méré rasa haseum tur ngaleungitkeun aroma hanyir.

Pon kitu deui lauk cai tawar kawas gabus ogé ngeunah dipasak maké kuah asem Jawa anu nyegerkeun. Tambahan cabé salilana ngajadikeun olahan lauk mingkin lezat didaharna.

Kalayan ngagunakeun lauk seger sangkan dagingna teu gampang ancur tur aromana teu hanyir.

Tilu resép lauk kuah asem ieu bisa jadi pilihan ngeunah pikeun ompréng atawa dahar beurang. Lada haseum nyegerkeun

1. Resép Lauk Tenggiri Kuah Asem Lada

Lauk tenggiri boga daging kandel jeung gurih ngeunah dipasak maké kuah haseum lada ala Thailand. Kuahna hérang nyegerkeun.

Durasi : 45 menit
Tingkat Kasulitan : Gampil
Porsi : 4
Daérah Asal Masakan : Indonesia

Kategori Masakan :
seafood

Bahan Bahan :
– 4 keureut beuteung lauk tenggiri
– 1 séndok dahar minyak sayur
1/2 séndok dahar cabé beureum

Bungbu Kuah:
. 1 liter cai
. 2 siki cabé beureum, beulah dua
. 3 lambar daun jeruk purut
. 2 lambar daun salam
. 1 gagang séréh, remekeun
. 100 ml cai jeruk mipis
. 1 sd kaldu jamur
. 1 sd kecap lauk
. 1/2 séndok entéh pedes bubuk
. 1 séndok entéh uyah
. 1 gagang bawang daun, siksik kasar
. 10 siki suung merang, beulah dua

Bungbu Lemes:
. 3 sihung bawang bodas
. 2 sihung bawang beureum
. 1/2 cm jahé

Cara Masak:

– Kocrotan teukteukan lauk tenggiri maké cai jeruk mipis.
– Goréng bungbu lemes jeung cabé bubuk nepikeun ka seungit.
– Angkat, teundeun kana panci.
– Cicikeun cai, tambahkeun cabé, daun jeruk, daun salam, séréh, cai jeruk, kécap lauk, pedes jeung uyah.
– Pasak maké seuneu leutik nepikeun ka ngagolak.
– Asupkeun teukteukan lauk jeung suung, pasak nepikeun ka ngagolak
– Antepkeun sababaraha menit nepikeun ka lauk asak.
– Pareuman seuneu, asupkeun siksikan daun bawang.
– Suguhkeun haneut.

2. Resép Lauk Gabus Kuah Asem Jawa
Lauk cai tawar ieu teu saukur ngeunah digoreng, dibéré kuah asem Jawa anu haseum nyegerkeun rasana beuki manteb.

Durasi : 45 menit
Tingkat Kasulitan : gampil
Porsi : 6
Daerah asal asakan : Indonesia
Kategori Asakan : seafood

Bahan Bahan
– 1 (600 g) lauk gabus
– Kuah:
. 1 liter cai
. 3 sihung bawang bodas, parud
. 2 sihung bawang beureum, siksik kasar
. 1/2 cm jahé, eumeurkeun
. 2 siki cabé beureum garing, réndos kasar
. 3 lambar daun jeruk purut
. 2 lambar daun salam
. 1 batang séréh, eumeurkeun
. 100 ml cai asem Jawa ngora
. 1 sd dahar kaldu jamur
. 1 sd dahar kécap lauk
. 1/2 sd entéh pedes bubuk
. 1 sd entéh gula bodas
. 1 sd entéh uyah

Awuran:
daun katuncar

Cara Masak:
Beresihan lauk gabus, kumbah nepika leueurna ilang terus keureutan nyungsang 3-4 bagian.
Kecrétan potongan lauk gabus maké cai jeruk mipis terus sisikeun.
Ciccikeun cai kana panci, tambahkeun bawang bodas, bawang beureum, jahé, cabé, daun jeruk, daun salam, séréh, cai asem, kécap lauk, pedes, gula jeung uyah.
Pasak maké seuneu leutik nepika ngagolak.
Asupkeun keureutan lauk, asakan tepika ngagolak, antepkeun sababaraha kedapan nepika lauk asak.
Pareuman seuneu, asupkeun teukteukan daun katuncar.
Sajikeun haneut!

3. Resép Lauk Kakap Kuah Asem Seger

Gurih padet daging lauk kakap mingkin ngeunah dipasak maké kuah asem seger. Cocok pikeun menu dahar pabeubeurang.

Durasi : 45 menit
Tingkat Kesulitan : Gampil
Porsi : 6 urangeun
Daerah Asal Pasakan : Indonesia
Kategori Pasakan : seafood

Bahan Bahan
– 2 (300 g) lauk kakap meureum
– 1 liter cai
– 1 batang séréh, eumeurkeun
– 3 lambar daun jeruk
– 2 solor cabé beureum, keureung nyérong
– 5 sd dahar cai jeruk mipis
– 2 sd dahar kécap lauk
– 20 heulai daun surawung
– Bungbu Lemes:
– 5 sihung bawang bodas
– 1/2 cm jahé
– 2 cm konéng
– 2 sd entéh uyah

Cara Masak:
Beresihan lauk, piceun sisit jeung eusi beuteung terus kumbah sing beresih. Keureut atawa sisit awak lauk.
Godog cai reujeung daun jeruk, séréh, cabé beureum jeung cai jeruk mipis. Golakeun sababaraha kedapan.
Asupkeun lauk, godog nepika daging lauk asak.
Tambahkeun kécap lauk jeung daun surawung, pareuman seuneu.
Sajikeun haneut.

Kontributor – Agus Rohmat
Ropéa Basa – RB

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *