Kiwari.co.id – Kuéh lumpang gula beureum mangrupakeun pilihan ideal pikeun anu néangan jajanan pasar anu babari dijieun, ngan saukur ku proses nyampur jeung ngukus. Cocog pikeun dijadikeun ide jualan atawa pikeun eusian snack box anu éndul jeung lezat.
Nyutat tina akun YouTube@Merry Cooking, Saptu 21 Januari 2024, ku bahan-bahan basajan jeung léngkah-léngkah anu babari, hayu urang tengetan cara nyieunna.
Nyieun Kuéh Lumpang Gula Beureum.
Bahan-bahan:
-100 gram tarigu
-100 gram aci sampeu (tapioka)
-90 gram gula beureum (gula kawung)
-2 séndok gula bodas
-450 ml cai
-Daun pandan
Bahan Awuran:
-Kalapa parud sacukupna
-Sacomot uyah
-2 lambar daun pandan
Léngkah-léngkah:
Campurkeun bahan garing:
- Campur tarigu jeung tapioka.
- Tambahkeun gula bodas kana éta campuran. Galokeun tepika rata.
Sayagikeun bahan baseuh:
- Panaskeun cai, tambahkeun gula beureum jeung daun pandan.
- Galokeun tepika gula beureum leyur jeung cairan beureum semu coklat.
- Saring pikeun meunang cai gula beureum anu beresih.
Hijikeun sakabéh bahan:
Cicikeun cai gula beureum lalaunan kana campuran bahan garing bari terus digalokeun tepika nyampur rata. Pastikeun taya guruntulan.
Proses panyepanan:
Siapkeun wadah kukusan, olesan ipis ku minyak sangkan adonan teu cepel. Cicikeun adonan kana wadah citakan.
Sepan adonan:
Seupan adonan salila 30-40 menit atawa nepika kuéh asak.
Gunakeun tungtung nyéré pikeun mastikeun tingkat asakna; lamun tungtung nyéré beresih hartina kuéh geus sayagi.
Sayagikeun awuran:
Salila nungguan kuéh asak diseupan, campur kalapa parud jeung uyah katut daun pandan.
Aeurkeun campuran éta di luhureun kuéh sanggeus asak.
Tiiskeun jeung keureut:
Tiiskeun kuéh sakeudeung saméméh keureut. Keureutan kuéh sakahayang.
Kuéh lumpang gula beureum sayagi disajikeun minangka jajanan pasar anu éndul, empuk jeung lezat. Cocog ogé pikeun dijadikeun pilihan isian snack box.
Kalayan prak-prakanana anu babari, wargi kiwari bisa nyieun kuéh lumpang gula beureum anu lezat tur narik pikeun nu meuli. Wilujeng motékar.
Kontributor – Agus Rohmat
Ropéa Basa – RB