Kupu Kupu

 

Kukupu eunteup na Soka.

Terus eunteup na Taraté.

Mimiti pateuteup soca.

Terus deudeuh dina haté.
Bangbara eunteup na akar.

Papanting mah dina paré.

Mun beurang teu ngeunah dahar.

Reup peuting teu bisa saré.
Dina émpang tangkal jinten.

Akarna antel na daun.

Teu tepang Ukur sadinten.

Karasana lima taun.
Hideung kelirna papanting.

Nu belang lebah beuteungna.

Haté nineung beurang peuting.

Pikir melang jeung keueungna.

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan