KUTU

DIPEUREUM-peureumkeun oge panonna, keukeuh teu daekeun sare.

Kalah biwir panonna panas, urat-urat tarang karasa ranteng balas dipereketkeun peureum. Antukna guling-gasahan teu puguh. Nyangigir ka beulah kenca. Kareret luhureun tualet paragpag rupa-rupa alat kecantikan; lipstick, face tonic, moisturizing foundation, cleancing milk, shampoo, kabeh kaluaran Revlon. Hiji-hiji kabeh diteuteup. Goledag nangkarak.

Reup peureum. Pitunduheun teu jebul wae.

Nyah beunta, Panonna eunteup dina lalangit. Ti juru ka juru, imeut lalangit teh dipapay ku teuteupna. Najan teu pati sidik, lantaran ukur reyem-reyem katenjo di juru beulah kenca harimumu ngelemeng hideung. Sedeng gantungan bohlam ranteng ku ramat lancah. Rek nitah meresihan ka bujangna teh sok poho wae. Ingetna tempo rek sare, kitu ge mun

kabeneran nangkarak neuteup lalangit kawas harita.

Ngareret kana beker luhureun meja leutik tunjangeunana, tabuh duawelas leuwih saeutik, Emh, geus peuting, gerentes hatena. Goledag ka beulah katuhu. Beungeutna meh paadu jeung sirah salakina nu ngageubra nangkarak. Lila beungeut salakina diteuteup. Tarangna,

irungna, panonna nu ngan mangrupa garis, pipina, biwirna. Bangun nu kacida tengtremna. Turun ka palebah dadana, kaciri naek turun, renghapna halon jeung angger. Jorojoy rasa sirik jeung keuheul nempo nu keur ngageubra teh. Sirik ku babari pisan tibra, asal sirahna antel kana anggel, malah tampolana mah asal sirahna ngagoler, ker we sare. Ari keuheulna, ku teu ngarasakeun pisan ka batur nu teu bisa sare. Leungeunna geus dijungjungkeun rek mencet irung salakina sina nyaring, ngarah

aya batur ngobrol, hadena kaburu inget, salakina beurangna tas sakitu capena; pagawean ngabugbrug, rapat nu taya beakna. Tadi ge balik ti kantor, teu kaburu ngadongeng cara sasari. Mandi, dahar, maca koran sakeudeung sanggeus bro masrahkeun duit hasil ngalembur, terus we

ngarengkol.

Leungeun nu geus dijungjungkeun digilekkeun, dipake ngagaroan sirahna nu ngadadak karasa ateul. Sulusup ramona kana sela-sela buukna, koreh-koreh, sret curuk jeung indung leungeunna maut sababaraha lambar buruk. Karasa aya nu kasap. Pangangguran direret, gebeg ngagebeg, tuluy disidik-sidik. Masih keneh teu percaya. Kuniang hudang, leungeun

nu sabeulah deui ngarongkong kana tali nu ngambay dina bohlam, cetrek-cetrek ditarik dua kali, bray lampu caang. Sanggeus sidik kana naon nu aya dina leungeunna, teu sadar ngaguyah-guyah salakína.

“Kang! Kang! Ieuh, Kang!”

Tibuburanjat salakina hudang, “Hemh……a…… aya naon?”*

“Ieu geura, yeuh abdi meunang kutu! Tuh nya,” bari ditembongkeun ka salakina, “paingan teu bisa sare. Sirah ararateul, horeng aya kutuam,” Celetis eta sato nu dipikangewa teh ditindes, “Hag siah! Tepa ti saha nya?” surungkuy deui leungeunna kana buukna, sret dipaut, “Lisa, Kang!

Beuneur deuih. Tuh, hiji deui. Ih, kasebelan. Paingan… paingam, teu bisa sare!” manehna kutuk gendeng, teu inget basa salakina datang teh manehna kakara hudang. Satengah poe.

Sabot pamajikanana pakupis jeung noroweco, salakina peupeureudeuyan satengah ngimpi, kerelek heuay dua kali. Rek ngagoledag deui, kadenge pamajikanana nyentak bari baketut, “Tuh meunang deui. Lisa. Ih, paingan sirah retep. Tuh, hiji deui Kang, leuh kutu bibitna! Mami badag kieu.”

Salakina semet ngabelelkeun panonna, molotot ngawaskeun leungeun nu naek turun maut jeung nindesan kutu.

Gurinjal pamajikanana hudang, jrut turun tina ranjang, nyampeurkeun tualet. Kabeh nu aya luhureun tualet ditengetan hiji-hiji. Geus kita sorolok narik laci. Salakina angger keneh diuk dina ranjang, nyerangkeun nu keur pakupis, satengah nundutan.

“Di mana nya, serit teh? Teu ningali Kang?”

“Hah, naon?” salakina ngarenjag.

“Serit. Di mana nya?”

“Serit? Duka, asa teu kungsi ningal serit di dinya,” tembal salakina semu ngosom.

“Di mana atuh nya? Dina lomari luar kitu? Cik hayu atuh Kang, bantuan milari,” cek pamajikanana ngareret ka salakina.

Tunduh-tunduh jeung teu purun-teu purun oge maksakeun turun ranjang, bakat ku nyaah ka pamajikan. Jeung deuih lamun nolak, geus kasawang pibalukareunana. Mangka tengah peuting. Cek pikirna, mun geus kapanggih mah nu diteangan, rek ngarengkol deui wae neruskeun hanca sarena. Bari jumarigjeug dibarung ngerelek heuay, nuturkeun pamajikanana ka luar.

Meunang saparapat jam mah kadenge nu saralak-sorolok mukaan lomari jeung laci-laci meja. Sagala diungkab, dijungjungkeun. Nu diteangan weleh teu timu.

“Di mana atuh nya, ku Si Nyai kitu?” kojengkang ka kamar tukang rek ngageuingkeun bujangna, ngan kaburu dihuit ku salakina.

“Keun we atuh enjing, meser deui nu weuteuh. Kerep keneh ongkoh, ambeh beresih ka kuar-kuarna,” leungeun pamajikanana dituyun. “Sok, mending ge geura bobo, tos wengi,” nyarita kitu teh bari tatan-tatan rek ngagoledag.

“Kang, tong waka kulem deui. Sok bantuan heula abdi.”

“Bantuan naon?” tembal salakina rada kerung.

“Pangnyiarankeun. Satungtung sirah arateul mah moal tiasa mondok. Sok, abdi rek nyaliksik. Akang palih dieu,” leungeun salakina dibetot, dituduhkeun lebah- lebahna.

Emh, Gusti, aya-aya wae. Teu wani pok mah, ukur gegelendeng dina hate. Teu burung dipigawe. Enya we, barang buukna disuaykeun mani redes, aya nu salambar nepi ka dua lisa. Harerang, baleuneur. Geus kitu mah jadi manehna nu sumanget, leungit katunduh oge. Atuh pamajikanana teu eureun nyorocos nyarita:

“Tepa ti saha nya Kang? Akang kitu?”

“Wah, tara betaheun kutu dina sirah Akang mah. Eta sugan, ti saha? Saumurna oge Akang mah tara ngukut kutu.”

“Nyeta duka. Tapi Ka, Ibu Nining nu sok gugutrut wae, mun keur arisan oge. Ah enya, emut ayeuna mah, kungsi manehna nambut sisir ka abdi. Tah, tina sisir meureun katepaanana. Padahal dua poe sakali abdi sok diangir ku shampoo. Nepi ka teu kanyahoan aya kutu. Tah, tah, palih

dieu Kang….”

Lila-lila nu disiaranana teh teu kadenge sorana. Ditanya oge repeh wae, teu nembalan. Barang ditempo beungeutna, geus ngageubra. Lalaunan salakina ngolesed. Sanggeus nyimbutan pamajikanana, dug manehna oge ngagoler. Memeh les, kadenge hawar-hawar sora kongkorongok hayam.

Isukna, hudang sare nu pangheulana asup kana pikiranana: serit. Satengah tuturubun turun tina ranjang, teu lila kadenge parentahna ka bujangna. Saleosna nu dititah meuli serit, manehna brus mandi. Imeut naker buukna diangiran, sangkan kutu jeung lisana kabawa palid.

Sapoe eta mah euweuh deui nu dipigawe iwal ti ngala kutu! Kitu deui

bujangna milu paciweuh, dibelaan ninggalkeun seuseuhan jeung kumbaheun, Jol ibu-ibu nu nyampeur arisan, kirining telepon nu ngajak tennis, nu ngajak ka ondangan, ka paşar, kabeh ditolak. Dadakuna nuju teu raraos, nyeri sirah.

Sababaraha poe ti harita, basa pamajikanana geus tibra sare, salakina

tengah peuting lilir hayang ka cai.

Balik ti cai, sanggeus ngagoler gigireun pamajikanana, nu keur ngageubra teh diteuteup. Ti mimiti tarangna, panonna, irungna, biwirna, persis kumaha kalakuan pamajikanana sababaraha peuting ka tukang.

Balik deui ka luhur. Reg dina buukna nu meles hideung, Barang sidik, katempo aya nu gagarayapan dina buuk luhureun ceulina. Teu mikir deui, kop dicokot bari ngaguyah-guyah pamajikanana: “Mah! Mah! leuh!”

Nu nyegrek tibuburanjat hudang, lulungu dibarung reuwas nanya ka

salakina, “Aya naon Kang? Ampun, karek ge ngalenyap!”

Nu ditanya seuri nembongkeun beubeunanganana, ti dituna mah rada

ngarep-ngarep pujian; “Ieu yeuh, meunang kutu tina rambut Mamah.”

“Kutu!? Panyana teh aya kiamat!” tembalna teugeug. “Engke deui mah, najan aya gajah dina sirah oge tong sok ngageuingkeun! Pan Akang ge terang, abdi teh gaduh panyakit. Kakara ge rek bisa sare!” porongkol deui ngarengkol, teu mirosea, teu ngareret-reret acan kana panuduhan salakina, nyanghareup kana bok, nukangan salakina.

Nu diporongosan sakedapan olohok, tuluy gogodeg, goledag sare. Teu mangkuk memenitan, geus kadenge kerekna.

Hiji poe, tas dahar beurang, sabot pamajikanana merenam urut dahar,

akut-akut, gek pamajikanana diuk hareupeun salakina, leungeunna

ngarongkong cau cere luhureun meja.

Geus imeut kabeh dibaca, koranna ditilep, sok diteundeum. Pek nyokot

cau, dipesek, am dihuapkeun. Ret ka pamajikanana bari imut.

“Tadi wengi, aya deui kutu dina rambut Mamah,” pokna lalaunan.

“Akang henteu ngageuingkeun abdi ku naon?” panon pamajikanana semu maido.

“Ah, henteu. Bisi karugrag jantungna.

“Eeh…… terus kumsha?”

“Ah, teu kukumaha. Diantep weh ku Akang teh. Dipelong. Tina palipisan, karayap ka luhur, gurawil dina rambut luhureun tarang, karayap deui ka handap, handapeun cepil sulusup ka lebet, les weh nyumput, Resep ningalna, eta mani ngan sakilat pisan,” nyaritana bari gogodeg, heran ku polah sakadang kutu.

“Haaah….? Jadi ku Akang henteu diala? Dikumahakeun wae atuh?” pamajikanana nyereng, nunda cau nu rek dihuapkeun.

“Henteu dikukumahakeun, diantep we. Resep ningal kakarayapanana, heg gugurawilan…..rek ngageuingkeun Mamah teh sieun, sieun jajantjnhna kumat……” pokna. Leos indit, pamajikanana olohok. ***

T A M A T

KARYA SUMDARSONO Mangle No. 814, 3 Desember 1983

 

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan