Laut Mibanda sertifikat Hak Milik 460 Héktare Legana Kapanggih di Subang

Subang, Kiwari.co.id – Kasus pamedalan sertifikat di wilayah parairan laut mucunghul deui. Saméméhna anu jadi sorotan téh di kawasan laut Tangerang, ayeuna polemik ayana pamedalan sertifikat di laut muncul di Kabupatén Subang, Jabar ogé. Ratusan héktare laut di Kabupatén Subang anu mibanda sertifikat éta mangrupa Sertifikat Hak Milik (SHM).

Objek laut anu boga sertifikat hak milik di Kabupatén Subang éta téh ayana di parairan laut Cirewang, Désa Pangarengan, Kacamatan Legonkulon.

Legana 460 héktare, laut Cirewang éta téh disebut geus boga sertifikat anu dipedalkeun ku Badan Pertanahan Nasional (BPN) Kabupatén Subang.

Éta pasualan kanyahoan sanggeus ratusan warga, dicetut ngaranna keur pamedalan sertifikat tanah dina program Tanah Objek Reforma Agraria (TORA) taun 2021 kalarung. Nu matak hémengna mah, ratusan warga anu dicatet ngaranna keur penerbitan sertifikat hak milik éta téh, mangrupakeun warga anu dumuk di sabudeureun Palabuan Patimban.

Diduga pangcetutan ngaran warga ieu téh pikeun ngamuluskeun kolompok atawa hiji pausahaan pikeun ngalakukeun rancana reklamasi di éta parairan laut Cirewang. Dina situs ATR/BPN ogé nuduhkeun area SHM di parairan laut Cirewang Subang éta kalawan jéntré.

Polemik di perairan laut Cirewang éta téh saméméhna kungsi lumangsung lila. Warga pamayang anu gumantung kana laut keur kahirupan nolak rancana reklamasi anu diduga bakal dilakukeun ku kolompok atawa pausahaan pikeun ngawangun hiji palabuan mandiri.

“Pihak yang mengklaim kepemilikan laut itu disebut beberapa kali mencoba menerjunkan beko, untuk memulai aktivitas reklamasi. Namun, setiap upaya itu selalu mendapatkan perlawanan dari warga,” ceuk salah saurang pamayang di dinya, Jakaria. Salasa, (28/1/2025).

Pamayang anu ngaranna kacatet téh ngaku teu mikanyaho yén maranéhna narima program TORA. Maranéhna teu kungsi piaan ngajukeun atawa mibanda lahan pon kitu deui éta laut.

“Gak pernah diminta KTP atau KK, gak tau juga tiba-tiba ada kabar dapat sertifikat. Tapi sampai sekarang gak pernah pegang sertifikatnya. Bibi saya juga sama gitu,” ceuk Taryana, salah saurang warga

Nurutkeun Aktivis Lingkungan, Asep S Toha mah, timuan ayana sertifikat laut di Pantura Kabupatén Subang ieu téh, modusna teu jauh béda jeung anu ditimukeun di parairan laut Tangerang. Komo deui, Kepala Kantor ATR/BPN Tangerang taun 2022-2024 kungsi ngajabat Kepala Kantor ATR/BPN Kabupatén Subang.

Asep ogé ngungkabkeun yén BPN ogé geus medalkeun 500 bidang maké sertifikat hak milik

“Itu diakui oleh BPN. Akhirnya, kami melaporkan ke Kejaksaan Agung, dan Kejaksaan Agung melalui surat rekomendasinya menyatakan bahwa SHM TORA itu harus dibatalkan karena cacat prosedural, cacat hukum, dan cacat administrasi,” ungkabna.

Dina taun 2023, ATR/BPN Jawa Barat ahirna ngabedokeun sakabéh sertifikat tina program TORA éta. Ngan nepika kiwari, sertifikat-sertifikat Hak Milik éta tacan ditarik kénéh, ninggalkeun kateujelasan pikeun masarakat anu kabalukar.

 

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan