Leaving on a Jet Plane

karinjang geus dibakutet, kuring saged rék nikreuh

Bari baluweng ngajanteng hareupeun lawang

Teu wasa ngageuingkeun inya nu tibra.

Beu, asa ngahelas rék pamit, asa baluas rék indit

Tapi janari kacida gancang kapeunggas subuh

Supir grab  teu sabar, kelakson teu reureuh ditabeuh

Nyawang sorangeun sosoranganan siga nu bakal abar

 

Jajapkeun kuring kuimut anu kareueut

Harewoskeun yén inya rék sabar ngantos

Ngeukeup ti pepereket pageuh lir teu ngajurung kuring miang

Dina jét kuring ngapung ngawang-ngawang

Duka iraha rék mulang

Duh panutan asa ngalimba kedah ngantunkeun nunggelis-lalis

 

Asa ku remen anjeun di kantun

Asa ku sering kuring incah

ngaligincing, teu ngajingjing ogé teu nungtun

Jarambah lir teu barokah

 

Padahal,

Unggal babakan kuring nyiruruk, nya inya anu ngajanggélék

Unggal galindeng kuring nembang, nya hidep anu dipeting

iangan ayeuna, upama mulang karep mekel cingcin panyangcang

 

Hampura jungjunan, ieu wanci nyerélék

Urang bagéakeun mangsa jaga

Urang cindek dumuk renggenek

Teu incah ninggalkeun hidep nyalira

Tapi ulah naros iraha mulang

Teu wasa rék wakca

(Disundakeun ku Dadan Dania)

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan