Lembur KuringPanineungan

Lembang Wonderland, Wisata Kulawarga Pikeun Pakancian Ahir Pekan

Lembang Wonderland jadi salah sahiji destinasi wisata kulawarga anu wajib didongdon nalika pakancian di Lembang. Tempat ieu nawarkeun aktivitas nu matak narik keur liburan nyalsé reujeung kulawarga.

Lembang, Kiwari.co.id – Kawasan Lembang di Kabupatén Bandung Barat Jawa Barat geus lila jadi salah sahiji destinasi favorit balaréa mangsa ahir pekan lantaran réa neundeun daya tarik. Perenahna di dataran luhur Bandung, Lembang nawarkeun kasegeran hawa jeung pamandangan alam anu pikatajieun.

Hawa seger jeung suasana pagunungan jadi alesan utamana ieu lelewek populer utamana keur padumuk pakotaan anu hayang ngaloloskeun diri tina panas jeung kariweuhan kota anu remen nyieun stres.

Ku kituna kondisi geografis ieu ngajadikeun Lembang jadi lelewek anu ideal keur nyaalsé tur minikmat pakancian. Salian hawa anu seger, Lembang réa mibanda destinasi wisata réa rupana.

Di antara réana tempat wisata alam nepika destinasi rekreasi anu didesain narik tur unik. Salah sahijina wisata alam anu paling kasohor di Lembang nyaéta Gunung Tangkuban Perahu nyaéta hiji gunung api aktif anu jadi ikon wisata Lembang.

Kaéndahan kawahna jeung sasakala anu napel ngajadikan tempat ieu wajib dilanglang. Lain éta wungkul, Lembang ogé réa mibanda taman kembang, kebon entéh, jeung wisata kebon stroberi anu méré pangalaman wisata alam anu interaktif tur ngadidik.

Lembang ogé kawéntar ku rupa-rupa tempat wisata kulawarga lantaran réa objek wisata anu cocog keur dipinikmat ku sakur anggahota kulawarga. Salah sahiji anu wajib didongdon nyaéta Lembang Wonderland.

Ieu tempat wisata nawarkeun rekreasi jeung wahana anu nyenangkeun pikeun dipinikmat reujeung kulawarga utamana pikeun kulawarga anu mawa barudak. Pasalna, aya sajumlah spot narik keur popotoan, nyalsé, atawa ningali pintonana.

Miwanoh Lembang Wonderland

Sakumaha ngaranna, tempat wisata ieu nawarkeun destinasi wisata anu unik jeung desain narik. Pasalna aya desain kalawan konsep dunia fantasi anu dirancang khusus keur méré pangalaman liburan nyenangkeun keur kulawarga utamana reujeung barudak.

Lembang Wonderland ieu dibuka munggaran dina 22 Juni 2020 tur nyadiakeun sajumlah spot narik pikeun fofotoan kalayan latar tukang anu instagramable.

Salian ti éta, tempatna mindeng pisan nawarkeun atraksi atawa pintonan unik anu bisa disaksian padongdon. Satuluyna aya ogé wahana-wahana seru anu bisa diulinkeun ku barudak.

Lembang Wonderland ogé mibanda maskot lucu anu ngaranna Cimoci tur dipiwanoh ku rupana ucing bodas tur resep ngabagikeun balon ka padongdon hususna jang barudak.

Daya Tarik Lembang Wonderland

Lembang Wonderland nawarkeun sajumlah daya tarik anu unik pikeun dipinikmat bareng kulawarga. Sabab, tempat ieu nawarkeun taman ulin kalawan tema atawa konsep anu narik ati.

Padongdon malahan bisa minikmat suasana sakumaha di nagari dongeng siga ngalanglang magic forest. Hiji taman kalayan imah tangkal anu unik jeung kekembangan aréndah di sakurilingeunana.

Satuluyna, lelewek taman Snow Village anu nawarkeun area siga di dunya salju. Nepika area playground keur barudak arulin kalawan wahana seru tur luyu jeung umur budak.

Ngalansir tina media sosial resmina ieu tempat ogé nyayagikeun wahana narik anu bisa diulinkeun jalma dewasa sarta rumaja kayaning panahan, giant claw, shooting target, ferris wheel toss, hingga basket ball.

Lokasi jeung Harga ka Lembang Wonderland

Dumasar kana informasi dina media sosial resmina, Lembang Wonderland nawarkeun tiket asup anu cukup kahontal sakitar Rp35 rébu saurang. Ku tiket éta padongdon bisa minikmat sajumlah wahana foto anu kasayagikeun.

Satuluyna aya wahana ulin anu bisa dibayar luyu jeung kaulinan anu diulinkeun atawa bisa meuli tiket wahana paket anu geus kagabung tina sababaraha wahana sakitar Rp80 rébu di luar harga tiket asup.

Lokasi Lembang Wonderland berada di Jl. Raya Lembang No.177, Jayagiri, Kac. Lembang, Kabupatén Bandung Barat, Jawa Barat kalayan jam buka saban poé tabuh 10.00 nepika tabuh 20.00 WIB.

Tempat wisata ieu ayana deukeut jeung kawasan wisata populer di Lembang jeung boga lokasi di kawasan anu strategis. Padongdon anu anjog ti puseur dayeuh Bandung bisa milampah jarak sakitar 14,7 km atawa 39 menit lalampahan ngagunakeun kandaraan roda opat.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *