Leuir Katineung

Wiati…, ceudeum, hujan saabregeun turun, haté rémpan.

Pucuk awi kapupul bayu…, patingarulang, lir ati pinuh hariwang.

Bulan taya némbongan, kasilih méga patingarayang, lalangsé rasa bébéndé.

Beurang lawas miang, karungkup jangjang peuting, karémpan datang.

Jungjunan, pupujaning ati.

Tuh tingali hujan maseuhan jagat, ngagebrétna lir kanyaah Akang.

Hujan turun suwung aling-aliing, nembrakna katresna Akang taya tébéng hahalang.

Tada teuing sonona bumi nu kabaseuhan hujan mulan-malén, ibarat Akang miharep diri salira.

Jungjunan puputon kembang karaton.

Siga jangjina bulan ka peuting, bakal aya salawasna najan taya katémbong, lir Akang dina peuting salira.

Siga lambak sagara anu ngajangjikeun datang saban mangsa ka basisir, kanyaah Akang salamina bakal ngalanglang.

Pucuk-pucuk camara juuh cihujan, sajuuhna asih sumanding mihéman.

Euyeub kadeudeuh muga mingkin pageuh tur geugeut, sapinuhna muatan galadak kapal nyorang sagara kahirupan urang duaan.

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan