Leunca Lalab Kasohor di Jawa Barat, Tétéla Neundeun Maunat anu Réa

Kiwari.co.id – Leunca, hiji jinis lalab anu tinangtu geus dipiwanoh lantaran gampang ditimukeunana ku Wargi Kiwari, boh di dayeuh komo di pilemburan mah.

Leunca atawa anu leuwih dipiwanoh di wewengkon séjén atawa Jawa mah ngaranna “Ranti” minanda ngaran latin Solanum americanum Miller.
sinonim Solanum nigrum L téh nyaéta hiji bungbuahan anu bentukna buleud leutik kalayan warna héjo ngagedod atawa bungur lamun geus kolotna mah.

Tah, buah ieu téh sabenerna mah kaasup kana séké térong-térongan tur ilaharna mibanda rasa semu pait tapi seger, éta sababna leunca ilaharna dijadikeun lalab.

Lalaban ieu téh mémang paling kerep dipanggihan atawa leuwih sohor di wilayah Jawa Barat, lantaran masyarakat kerep ngadalahar tur lain saukur jadi lalab. Tapi diolah jadi rupa-rupa asakan, kayaning ulukutek leunca jeung karédok leunca.

Tapi, Wargi Kiwari! saha anu nyangka, geuning leunca téh tétéla beunghar nutrisi jeung vitamin ogé, kayaning vitamin A,C, B1, kalsium, zat besi, seng, fosfor, protein, jeung lemak.

Ku nutrisina éta, leunca téh mibanda maunat atawa khasiat anu loba pisan pikeun kaséhatan, tur geus lila dimanfaatkeun minangka obat tradisional pikeun ngubaran panyakit mimiti tina anu énténg nepika panyakit beurat.

Panasaran kira-kira naon baé maunatna?

Nyutat ti sababaraha sumber, ieu informasina pikeun Wargi Kiwari:

Salah sahiji maunat leunca téh nyaéta. Ngungkulan Nyeri Sirah

Maunat leunca anu munggaran téh nyaéta mampuh ngungkulan nyeri sirah.

Nyeri sirah atawa rieut mangrupakeun jinis panyakit anu paling umum dirandapan saban jalma. Jinis panyakit ieu ilaharna mucunghul atawa karasana kalayan saeutik demi sawutik atawa ngadadak.

Rasa nyerina ogé remen muncul di sabeulah sirah anu ilahar disebut Migraine, ieu panyakit teu jarang bisa ngaganggu aktivitas.

Kontributor – Agus Rohmat
Ropéa Basa – RB

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan