Ki WariWartaWarta Daerah

Leuwih ti 700 Knalpot Brong Ngajanggélék Monumen di Bandung Barat: Pangéling Kasalametan jeung Katartiban Tatali Marga

Kapolres AKBP Tri Suhartanto, ngaresmikeun Monumen Kaamanan jeung Kasalematan (Kamsel) di sisi katuhu underpass Exit Tol Padalarang, Senén 6 Januari 2025 (Foto: Humas Polres Cimahi )

Padalarang, Kiwari.co.id – Hiji monumen anyar anu dijieun tina ratusan knalpot brong geus ngadeg di Kabupatén Bandung Barat. Monumen knalpot brong anu unik ieu téh dijieun pikeun pangéling kana kasalametan tatali marga diperenahkeun di Jalan Raya Simpang Padalarang, Kabupatén Bandung Barat (KBB) tur geus diresmikeun dina Senén (6/1/2024).

Monumen anu dijieun tina ratusan knalpot brong hasil razia ieu téh diresmikeun ku Kapolres Cimahi, AKBP Tri Suhartanto, reujeung Pj Bupati Bandung Barat, Ade Zakir, katut sajumlah pajabat KBB séjénna.

Kapolres Cimahi ngajéntrékeun yén ideu nyieun monumen ieu téh mucunghul dina November 2024 minangka solusi kana réana knalpot brong anu dijabel.

“Knalpot brong ini hasil razia dari tahun 2024, dikubur tidak bisa, dijual gak bisa, akhirnya kami coba membangun monumen imbauan ke masyarakat terkait dengan lalu lintas,” caturna.

Leuwih ti 700 knalpot brong digunakeun keur ngawangun monumen anu mibanda bentuk sirah jalma keur maké helm, éta téh hasil karya seniman lokal, nyaéta Pak Iwan.

Ieu monumen téh diharepkeun bisa ngélingan pangguna jalan kana pentingna kasalametan jeung katartiban dina tatali marga. Panggunaan knalpot brong mah, salian ngganggu katumaninahan, boga potensi micu konflik ogé.

“Kami mengimbau masyarakat untuk tidak menggunakan knalpot brong dan selalu menggunakan helm standar,” tandes Kapolres.

Éta pamilihan lokasi di Jalan Raya Simpang Padalarang téh dinilé strategis lanataran babari katingali ku pangandara ti arah mamana, boh ti arah Cimahi nuju Bandung Barat pon kitu deui ti Jakarta nuju ka Cimahi.

Pj Bupati Bandung Barat, Ade Zakir, ngapresiasi inisiatif Polres Cimahi téh. Inyana nganilé monumen ieu teu saukur mibanda fungsi minangka pangingét kana katartiban jeung kasalametan tatali marga wungkuk, tapi nambah estetika Kota Padalarang ogé.

“Ini seni yang luar biasa, memanfaatkan knalpot brong jadi monumen,” pujina.

Ieu monumen téh dipiharep bisa jadi simbol komitmen reujeung enggoning nyiptakeun lingkungan tatali marga anu aman tur tartib di Kabupatennya Bandung Barat.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Leave a reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

More in Ki Wari