Kiwari.co.id – Dunya longsér ti mangsa kaemasan Ateng Jafar tilar dunya, masih aya kénéh sajumlah masarakat kota jeung Kabupatén Bandung ngupayakeun pikeun ngalastarikeun ieu teater rahayat . Tepika mangsa ahir dekade taun 2000-an tepika kiwari, aya 3 paguyuban longsér anu masih kénéh nagen. Tiluanan nyaéta Longsér Injuk, Longsér Toonil, dan Longser Bandoeng Moii (anu ayeuna jadi Yayasan Kebudayaan).
Tiluanana masih kénéh hirup, Longsér Injuk aya di Dayeuh Bandung, Toniil di Kabupatén Bandung, jeung Bandoeng Moii aya di Dayeuh Cimahi. Dulu, Toniil getol nyieun festival longsér, tapi saprak sasalad teu kareungeu deui. Longsér Injuk sok rajeun kareungeu sakali-kalieun, sarta Bandoeng Moii getol ngawarah barudak ngora sangkan bisa maén longsér.
Siga ayeuna, Yayasan Kebudayaan Bandoeng Mooi (YKBM) babarengan kumunitas Longsér Bandoengmooi Kota Cimahi dirojong ku sababaraha pihak, ngayakeun gelaran pintonan seni longsér “Pendekar Gunung Bohong”, Kemis 30 Mei 2024, tabuh 19.30 wib. di Gedung YPK Pusat Jl. Naripan No.7-9 Kota Bandung.
Pagelaran ieu mangrupakeun resital pikeun anggahota anyar jeung heubeul Longsér Bandoeng Mooi anu miluan Prewarisan Seni Longser dina bentuk palatihan akting, tari, musik, penca silat jeung manajemen seni salila 4 bulan di YKBM.
Pintonan Longsér “Pendekar Gunung Bohong” mangrupakeun ajang evaluasi pikeun pamilon palatihan seni longsér di YKBM. Maranéhna didorong némbongkeun (presentasi) kamampuhan dirina di hareupeun balaréa sakaligus méré hiburan, edukasi ka panonton tur ngukur pangawasaan katapisan (skill) dina maén seni longsér.
Pupuhu Bandoeng Moii, Hermana HMT, nyaturkeun, inyana teu pati maliré naha pintonan maranéhna boga kualitas atawa henteuna.
“Tapi saya selaku pegaiat seni longser merasa bangga pada mereka yang terlibat. Ternyata di era yang serba digital dan di tengah gempuran budaya asing yang kian masif, masih banyak anak muda yang mau mendalami seni tradisional khusunya seni longser,” pokna.
Kritik ka Pamaréntah
Carita “Pendekar Gunung Bohong” kagolong carita fiktif, kailhaman tina sajarah pajoangan masarakat Kota Cimahi dina mangsa kolonial Hindia Belanda. Panglindihan Pamaréntah Hindia Belanda dina mangsa harita ngabalukarkeun rupa-rupa karugian pikeun rahayat pribumi.
Demi panglegaan wilayah jeung pangwangunan, tanah milik pribumi réa anu dicokot tanpa aya ganti rugi. Pamaréntah Hindian Belanda ngaluarkeun kawijakan Domain Verklaring. Hiji aturan ngeunaan kapimilikan tanah anu nekenkeun yén tanah anu dikawasa masarakat pribumi tur ditétélakeun teu mibanda bukti kapamilikanana dijabel jadi milik pamaréntah.
Minangka rahayat nengtang kawijakan éta, anu dianggap nguntungkeun pangawasa, maranéhna ménta ka pamaréntah Hindia Belada sangkan daék méré konpensasi kana lemah anu geus turun-tumurun dikawasa jeung digarap ku rahayat.
Tinangtu baé Pamaréntah Hindia Belanda nolak ayana ganti rugi, jeung upaya nyieuhkeun rahayat pribumi anu protes, nya direkrut para jawara atawa jago kampung (pendekar) pikeun digawékeun minangka centéng jeung boga pancén ngajaga aset pamaréntah sakaligus nyieuhkeun pribumi anu nengtang sagala kawijakanana. Akibatna kaributan ngabekas antara centéng jawara bayaran pamaréntah Hindia Belanda jeung jawara anu ngabéla rahayat pribumi.
Adu domba dina rahayat pribumi ieu hiji gambaran autokritik ka mangsa pamaréntahan sangkan mikanyaah rahayat tur teu égo ka kakawasaan.
Salian di YPK, pagelaran baris dilakukeun Sabtu, 1 Juni 2024 tabuh 19.30 wib. di Komplek Rancamanyar Regensi Kabupatén Bandung, Ahad 2 Juni 2024 tabuh 08.00 wib. di Plaza Rakyat Komplek Pemerintahan Kota Cimahi, Jl. Radeng Demang Hardjakusumah, Cihanjuang, Kota Cimahi.
Hermana miharep pagelaran di tilu dayeuh ieu, masarakat bisa ngaaprseasi jeung mieanoh deui seni longsér kalayan format kaayeunaan tanpa ngaleungitkeun tradisina. Jeung deui, inyana ogé miharep saban taun kaum milenial anu daék kalibet langsung minangka palaku seni longsér mingkin nambahan.
Kontributor: Agus Rohmat