#Netprosamini_Ris
“Jang, geura henjung atuh miang ka ditu! Ieu Si Nyai geus teu kiat.” Ma Iti ngajurung laku.
“Nya, Ma! Nyi, Akang rék mangkat ayeuna.” Teu nungguan jawaban, Karya miang nembus hujan ngaririncik sésa tadi nu ngagebrét sapaparat beurang.
Leumpang ngingkig norobos petengna peuting wanci nincak sareureuh budak. Sakali-kalieun oborna diacungkeun nyaangan jalan satapak nu belok mapay pakebonan. Angin patingsaléor nebak tatangkalan. Hawa tiis nu nyelecep teu diroris. Pikiran hayang buru-buru nepi ka imah Ma Darsih indung beurang.
“Ma… Ma Darsih éta Téh?” Pananya ditujukeun ka tangtungan awéwé kolot huisan nu keur kakarayapan dina cukang awi na wates lembur. Nu ditanya ukur melong. Sorot matana ngaborélak. Selengseng bau hanyir kaambeu.
“Ma, burukeun itu Si Nyai geus teu kuateun, ngahinta geus ti beurang kénéh, bisi kaburusutan ngajuruna!” Teu loba deui catur, Karya nungtun leungeun Ma Darsih. Leumpang gagancangan muru imahna nu kawilang anggang ti lebah dinya.
Di tengah imah Karya jeung Mang Adun mitoha lalakina patingharuleng patinghariul, haté lewang hariwang. Pikir teu paruguh, ngahéphép silihpelong, nungguan goarna orok ti jero kamer.
“Ujang… Bapana…!” Sora Ma Iti ngocéak ti kamer ngagareuwahkeun nu patingharuleng di tengah imah. Nu duaan patingkoréjat.
“Ma… aya naon?” Deregdeg, Karya muru kamer haténa reuwas liwat saking.
Bray, panto kamer nu satengah diteumbrag muka.
“Ma… Nya, Nyai…?” Ukur sakitu nu bisa dikedalkeun. Suku nyorodcod teu wasa ngaléngkah deui. Panon buncelik ningali kaayaan di jero kamer.
“Kikiki… nyam.. nyam… kikik.” Ma Darsih nyéréngéh némbongkeun huntuna nu laléncop, ngadaplok na lalangit kamer. Biwir jeung pipina lamédong ku getih, orok beureum diranggeum ku ramona nu raranggoas. Getih beureum ngajaragjlagan maseuhan sepré jeung awak Nyi Surti nu ngalempréh. Dadana gurawah guyang getih.
Cag.
#Carpon_Ransel