Jejer : Karaman Sasak Gombong
Bagian : Ka-2
“Héa…,” Jleng, Bah Béwok luncat kana luhur roda bari ngaheumbatkeun bedog, gurilap, seuseukeutna katojo ku cahya saréngéngé anu geus ampir surup satukangeun gaunung.
Trang, sora dua pakarang diadu muncratkeun kembang seuneu, alatan jalma dina roda gesit naker nakis tarajangan Bah Béwok, ulon-ulon Karaman Sasak Gombong éta.
Clek, suku jébrag Bah Béwok napak na lemah, sanggeus saméméhna inyana gagal narok sirah jalma na roda langsung nagajaul mundur pikeun nyusulkeun panarajangan anu teu hasilna.
Patutur-tutur jeung Bah Béwok, jalma na roda ngagajleng. Clé, sukuna napak sadeupa hareupeun tangtungan Bah Béwok.
“Yeuh, ngarah ké aing babari nulis ngaran sia dina tutunggul anu moal lila deui dijieun na kuburan sia di sisi walungan, hahahaha, saha ngaran sia hah?” gantawangna Bah Béwok, bari ngajéléng songong nakeranan.
“Ééh…, ngomong téh luhur teuing ki silah, soal pati mah lain jalma anu nangtukeun! Anging kersaning Pangéran,” tambalangna jalma hareupeun Bah Béwok. Teuneung.
“Euh sia mah ngadon da’wah siah! Tibang nyebutkeun ngaran ogé, hah!” hoakna Bah Béwok.
“Yeuh ki silah, heug ku kami dibéjakeun saha ngaran kami, bisi ki silah teu genah panasaran mah, ngaran kami Suta,” témbalna. Nikukur.
“Tah kitu atuh siah meni hésé pira nyebutkeun ngaran. Yeuh barudak, Codét, Godég, Buyak! Tong asa-asa urang saliangkeun kuburan jalma tiluan ieu téh!” Bah Béwok ngahucuhkeun anak buahna nu keur ragot tarung silih sabet silih ku pakarang sabogana.
Sora béntrokan pakarang pating trong-trang, kebul mulek tina lemah garing anu kaleyek ku suku-suku dina ulin silat anu kawilang rongkah.
Jleng, celegedeg, anak buah Bah Béwok nu jangkorang godégan napakeun kadua sukuna sanggeus tarajanganana ditadah ku sabetan bedog jalma nu tatadi geus turun ngagajleng tina kuda tungganganana, alatan hayang laluasa ngaladénan panarajang musuh-musuhna.
Kolébat, seuseukeut bedog ngababad nu diarah beuheung Dira, salahsaurang jalma atawa pangawal Suta, éta panarajang nyebrut ti hareupeunana, sedengkeun ti satukangeunana nyebrut nalapung suku jébrag ti salahsaurang anak buah Bah Béwok anu séjén.
Hiuk, gilek, plos, tarajangan dua anak buah Bah Béwok disingkahan Dira. Sajurus satuluyna Dira ngaheumbatkeun bedogna malik narajang lawanna.
Trang. Jleng.
“Aack…,” Dayagdag, bru, waruga rubuh niban lemah ngebul.
Cag
RB