Mahalna Panawar Peurah King Kobra, Tembus Rp Sa-Miliar tur Kudu Impor

Surabaya, Kiwari.co.id – Oray séndok atawa kobra jawa ( naja sputatrix) téh mangrupakeun salah sahiji oray anu remen kapanggih asup ka pamukiman jalma. Mindeng ogé jalma kakeunaan peurah ieu oray mah. Ngeunaan panawar racun peurah oray, nurutkeun dokter hewan di Rumah Sakit Hewan Pendidikan Universitas Airlangga (Unair) Surabaya, Boedi Setiawan mah, Indonesia saukur mibanda serum Bio SAVE atawa SABU (Serum Anti Bisa Ular) anu diproduksi PT Bio Farma (Persero). Serum éta téh kalayab spesifik digunakeun pikeun nganétralkeun peurah oray lemah atawa oray gibug (Calloselasma rhodostoma), oray welang (Bungarus fasciatus), jeung oray cobra jawa (Naja sputatrix).

“Ketersediannya sudah tersedia di puskesmas dan rumah sakit di seluruh Indonesia,” pokna, dicutat ti Kompas.com, Jumaah (21/3/2025).

Ngan, pikeun antivenom ular king kobra, ceuk inyana mah tacan sayagi di Indonesia.

“Kita di Indonesia belum punya serum anti bisa ular king cobra,” cenah.

“Cobra Jawa bukanlah king cobra (Ophiophagus hannah), karena memang beda spesies. Antivenom Bio SAVE itu tidak dapat digunakan untuk menangkal bisa ular king cobra,” ceuk inyana.

Anapon serum panawar peurah oray king cobra pikeun mangsa ieu mah bisa meunang kalayan impor ti Thailand. Dokter Boedi ngungkabkeun, yén harga éta serum téh kacida mahal, nyaéta sakitar 76.000 – 115.000 dollar AS, atawa Rp 1.261.524.000 nepi ka Rp 1.908.885.000 (kurs 16.000).

“Setahu saya di Thailand sudah ada SABU untuk king cobra. Tapi sangat mahal (harganya),” ungkabna.

Sok sanajan tepi ka mangsa ieu Bio SAVE atawa SABU téh masih remen digunakeun pikeun nganétralkeun peurah oray king kobra, ngan serum ieu mah dianggap kurang ngabeungkeut jeung kurang efektif pikeun panawar.

“Masih kurang efektif kalau dibandingkan dengan antivenom spesifik seperti Ophiophagus hannah Monovalent Antivenom (OhMAV) yang diproduksi di Thailand,” pokna.

Lian ti kitu Inyana ogé nyaturkeun, aya sababaraha jinis anti-peurah lianna anu kasayagiaanana masih cukup hésé di Indonesia. Di antarana Green Pit Viper Antivenom panawar peurah oray pit viper atawa oray héjo (Trimeresurus sp), Antivenom Daboia siamensis ruselli panawar peurah oray viper rusell atawa bandotan puspa jeung Neuropolivalen Thailand panawar peurah oray kobra siam (Naja Kaothia).

Aya ogé Hematopolivalen Thailand panawar peurah oray timur merah atawa oray bungka buntut beureum (red-tailed pit viper), oray gibug (Caloselesma rhodostoma), atawa white-lipped pit viper (Trimeresurus albolabris), sarta oray Russell’s viper Siam (Daboia siamensis). Salian ti éta, Neuropolivalen Australia minangka panawar peurah black snake, tiger snake, brown snake, taipan, jeung death adder, katut sababaraha jinis oray anu leuwih réa kapanggih di Indonesia Timur.

Ropéa basa: Agus Rohmat

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan