Sumedang, Kiwari.co.id – Opat tetengger katara nanceb di sisi jalan di Dusun Cilumping, Désa Cikurubuk, Kacamatan Buahdua, Kabupatén Sumedang. Ieu opat tetengger téh taya lian ti milik inohong penting dina kamekaran salah sahiji kasenian di Sumedang.
Makam Aki Sipan, Pencipta Seni Kuda Rénggong. Kitu anu katuli dina papan informasi anu dtancebkeun di lelewek éta.
Éta ompat tetengger téh, nyaéta pajaratanana pasangan salaki pamajikan, Sipan bin Midin (1870 – 1939) jeung Enoh Binti Adam (tilar dinya1949). Sedengkeun pajaratan pasangan Sukria bin Sipan (tilar dunya 1997) jeung Nene binti Inah (tilar dunya 1998).
Sipan téh nyaéta mangrupakeun anak ti Midin. Tapi ceuk Epon Warnengsih (67) mah anu dipikaweruh mangrupakan salah sahiji katurunan ti luluhur Sipan nyebutkeun yén Sipan téh mangrupakeun anak ti Sinto.
Leupas tina éta perkara, ari Sipan mah dipiwanoh mangrupakeun keturunan ti lalaki asal Bugis, Sulawesi jeung awéwé asal Sumedang.
Dina tulisan prasasti anu diguratkeun di dinta ditétélakeun yén Sipan téh nyaéta anak ti Midin anu mangrupakeun abdi dalem mangsa Sumedang dipingpin ku Pangeran Suria Atmadja.
Mangsa harita, Sipan tapis ngalatih kuda ti lingkungan abdi dalem jadi Kuda Rénggong. Kuda anu dilatihna éta téh ngaranna si céngék jeung si dengék. Sipan bisa ngalatih hiji kuda jadi seni Kuda Rénggong dina 1910.
Katapisan Sipan ngalatih Kuda Rénggong téh satuluyna diwariskeun ka anakna anu ngaran Sukria. Alhasil, Seni Kuda Rénggong téh jadi salah sahiji warisan budaya pikeun Sumedang jeung dunya.
Kapala Désa Cikurubuk Fadar Junawar mébérkeun, pajaratan éta téh nyaéta pajaratan eyang Sipan jeung garwana.
“Di sana juga terdapat makam anaknya yang juga sebagai generasi penerus dalam Seni Kuda Rénggong, yakni Sukria,” bébérna Muhamad ka detikJabar mangkukna.
Muhamad nyaturkeun deui, pajaratan Aki Sipan awalna aya di lelewek astana umum (TPU) Pasirhaur. Éta pajaratan téh satuluyna dipindahkeun ka lelewek anu ayeuna.
“Jadi makam itu dulunya bukan di situ tapi di lokasi agak ke dalam dari lokasi sekarang,” ungkabna.
Muhamad nyebutkeun, pajaratan éta téh dipugar tur dioméan ku Yayasan Seni Kuda Rénggong (Yaskures) anu gawé bareng jeung Pemda Sumedang dina sakitar taun 2020 atawa 2021.
“Sekarang selain makam, lokasi itu juga jadi sebuah situs eyang Sipan sebagai penemu atau pencipta Seni Kuda Rénggong,” pokna.
Muhamad nambahkeun pihakna mibanda rancana yén ka hareupna baris dijieun sarupa museum mini di sabudeureun lelewek pajaratan.
“Alhamdulillah seni Kuda Rénggong hingga kini masih lestari di Desa Cikurubuk sendiri ada tiga grup kesenian Kuda Rénggong,” ucapna.
Keur nambah pangaweruh, Seni Kuda Rénggong geus ditetepkeun minangka Warisan Budaya Tak Benda (WBTB) asal Kabupatén Sumedang ku Kementerian Pendidikan, Kebudayaan, Riset jeung Teknologi (Kemendikbudristek) dina taun 2014.
Kuda Rénggong téh nyaéta seni katapisan kuda anu kudana bisa ngibing milu wirahma musik. Lain kitu wungkul, Kuda Rénggong ogé tapis ngaragakeun gerak anu saolah-olah keur tarung jeung jalma. Ieu téh biasana dihadirkeun minangka atraksi.
Ropéa Basa : RB