Kiwari.co.id – Zakat fitrah téh mangrupakeun kawajiban pikeun sakur umat Islam mah, anu palaksanaanana dilakukeun mimiti bulan Ramadan tepi ka saméméh salat Idul Fitri. Dina syariat Islam mah, zakat fitrah téh tayalian harta anu kudu dibikeun ka maranéhna anu boga hak narimana.
Aya sababaraha syarat anu wajib dicumponan nalika saurang muslim jadi wajib zakat. Dilansir tina buku Fikih Madrasah Tsanawiyah Kelas VIII karya H. Ahmad Ahyar jeung Ahmad Najibullah, syarat wajib zakat fitrah téh nyaéta nganut agama Islam, mibanda surplus atawa bekel kadaharan keur dirina sorangan jeung kulawarga dina Poéan Idul Fitri, tur masih hirup kénéh mangsa srangéngé surup dina ahir bulan Ramadan.
Tuluy, saha baé anu wajib jeung teu wajib maayar zakat fitrah téh? Naha ari jalma anu maot kudu dibayarkeun zakatna?
Maranéhna anu Wajib Mayar Zakat Fitrah
Saban Muslim anu merdéka tur mampuh mayar zakat dina waktuna mah diwajibkeun pikeun nyumponan zakat fitrah. Nurutkeun pandangan ulama Mazhab Syafi’i mah kawajiban ieu téh teu saukur lumaku pikeun jalma kaya wungkul, tapi ogé pikeun maranéhna anu mibanda harta sajumlah sahiji nisab di luar kabutuhan dahar kulawargana.
Dina buku Fikih Madrasah Tsanawiyah karya Zainal Muttaqin jeung Amir Abyan mah dasar hukum zakat fitrah téh sumberna tina hadist ieu:
“Rasulullah SAW parantos ngawajibkeun zakat fitrah pikeun meresihkeun jalma anu puasa jeung pikeun méré dahar jalma miskin. Sing saha anu ngabagikeun zakat fitrah saméméh salat Id mangka zakatna éta ditarima jeung sing saha anu ngabagikeun zakat fitrah sanggeus salat Id mangka éta kaasup sedekah biasa.” (HR Abu Dawud jeung Ibnu Majah)
Sok sanajan zakat fitrah téh diparéntahkeun pikeun sakur umat Islam, ngan aya ogé sababaraha kolompok anu teu boga kawajiban migawéna. Dicutat ti buku Zakat, Infak, Sedekah karya Gus Arifin, ieu golongan anu teu wajib mayar zakat fitrah:
. Jalma anu lamun ngaluarleun zakat tapi teu boga deui sésa kadaharan di imahna.
. Jalma anu teu slam
. Sing saha anu tilar dunya saméméh srangéngé surup dina poé akhir Ramadan
. Jalma anu kakara asup Islam sanggeus surupna panonpoé dina poé ahir Ramadan
. Orok anu kakara lahir sanggeus panonpoé surup dina poé akhir Ramadan
. Tanggungan istri anu kakara dikawin sanggeus panonpoé surup dina poé ahir Ramadan.
Dicutat tina buku Rahasia Puasa & Zakat karya Muhammad Al-Baqir, anapon dalapan golongan panarima zakat fitrah (mustahik) téh nyaéta:
. Fakir: Jalma anu teu mibanda harta tur teu mampuh nyiar nafkah
. Miskin: Maranéhna anu mibanda panghasilan saeutik tapi masih bisa nyumponan pangabutuh dasar sapopoé
. Amil Zakat: Jalma anu boga pancén ngokola zakat
. Mualaf: Jalma anu kakara asup Islam tur ngabutuhkeun rojongan sangkan manteb dina kaimananna
. Riqab atawa Mukatib: Hamba sahaya anu hayang ngabébaskeun diri ngaliwatan pajangjian husus
. Gharim: Jalma anu boga hutang demi kapereluan ngadesek, iwal ti hutang anu asalna tina maksiat
. Fi sabilillah: Maranéhna anu bajoang di jalan Allah SWT tanpa narima gajih ti nagara atawa lembaga resmi
. Ibnu sabil: Musafir anu keur di satengahing lalampahan tur ngarandapan kasulitan, asalkeun lalampahanana lain keur maksiat.
Hukum Zakat Fitrah Pikeun Jalma anu Tilar
Dumasar informasi tina situs resmi Baznas Kabupatén Banyuasin, zakat fitrah diwajibkaleun pikeun sakur Muslim anu masih hirup tepika mangsa tilemna srangéngé dina peutingan Idul Fitri, anu nandaan asupna tanggal 1 Syawal.
Mangka, mun hiji jalma tilar dunya saméméh srangéngé tilem dina poé akhir Ramadan, mangka inyana mah teu mibanda kawajiban pikeun mayar zakat fitrah. Ngan, mun inyana maotna sanggeus panonpoé surup, mangka kawajiban éta tetep lumaku tur kudu dicumponan ku kulawargana.
Tah éta pangjéntréan ngeunaan sing saha anu teu wajib zakat fitrah, jeung hukumna pikeun sing saha anu tilar dunya téh. Intina mah, lamun seug hiji jalma maot saméméh panonpoé tilem dina poé akhir Ramadan, mangka zakat fitrah teu diwajibkeun keur manéhna.
Ngan, mun inyana maot sanggeus waktu éta, kawajiban zakat fitrah tetep lumaku tur kudu dicumponan ku ahli warisna. Wallahua’lam.
Ropéa basa: Agus Rohmat