Jalan Raya Cipatat-Cianjur jadi jalan alternatif pamudik non tol wilayah kidul minangka jalur tengkorak
Cipatat, Kiwari.co.id – Poéan Idul Fitri tinggal sababaraha poé deui ka hareup, jalan lalar liwat antar kota – antar provinsi geus mimiti ramé pagaliwota ku anu marudik ngajugjug lemburna séwang séwangan. Arinyana karéréanana ngagunakeun kandaraan roda dua pikeun tutumpakanana.
Pon kitu deui jalur kidul anu jadi jalan alternatif pamudik geus pasuliwer diliwatan ku anu arék marudik di lelewek Jalan Raya Cipatat Cianjur ieu. Hanjakalna jalur utama pamudik di Kabupatén Bandung Barat (KBB), Jawa Barat masih réa dipapaés ku lobana lombang calangap tur jarero. Kondisi jalan siga kieu téh sohor disebut minangka jalur tengkorak anu dihariwangkeun baris ngabahayakeun pangendara di usum mudik Lebaran Idulfitri 1446 Hijriah.
Dumasar panglorisan dina Ahad (23/3/2025), ruas jalur pamudik wilayah kidul anu aya di Jalan Raya Cipatat-Cianjur mah masih réa lombang anu diameter rata-rata 40 séntimeterna. Salian ti éta téh, kontur jalan umpalan-umpalan, réana kandaraan gedé lalar liwat tangtuna cukup ngabahayakeun para pamudik khususna pangendara motor.
Jalan nasional ieu téh mangrupakeun akses alternatif pamudik non tol ti wewengkon Jakarta, Bogor, Sukabumi, Cianjur jeung sabudeureunana anu arék ngajugjug wewengkon Priangan Wétan nepi ka Jawa Tengah.
“Iya rawan kecelakaan, banyak motor yang nyalip dan di sini banyaknya mobil yang besar-besar. Kebanyakan sih motor yang alami kecelakaan dan biasanya yang lewat itu kan pemotor kebanyakannya dari arah Jakarta,” ceuk warga sabudeureun Ecep Koswara mangsa tepung di lelewek éta, Ahad (23/3/2025).
Samentara éta Kapolres Cimahi AKBP Tri Suhartanto nyaturkeun, pihakna geus berkoordinasi jeung pihak kakait pikeun ngiméan jalur mudik di Bandung Barat éta. Inyana ngawawadianan pangandara pikeun tetep iatna salila lalampahan mudik lebaran taun ieu.
“Imbauan agar membawa kendaraan dengan hati-hati dan selalu tertib. Jangan hanya ingin cepat sampai melupakan keamanan. Tetap safety nomor satu karena ada keluarga yang menunggu di rumah,” ceuk Tri.
Inyana ogé géoungan pamudik sangkan nyayagakeun kalaikan kandaraanana saméméh ngayakeun lalampahan ka lemburna séwang séwangan.
“Dari kendaraan pun harus diperhatikan. Kalaupun di perjalanan merasakan ada kendala kendaraannya maka berhenti dan perbaiki di tempat-tempat yang tersedia,” pungkas Tri.
Ropéa basa: Agus Rohmat