Cianjur, Kiwari.co.id — Saban wewengkon tangtu mibanda ciri khas anu jadi totondén, ikon, atawa jatidiri wewengkon na, bisa mangrupakeun wangunan, adat istiadat, budaya, papakéan, kadaharan, jrrd.
Pon kitu deui Cianjur, anu mangrupakeun hiji kabupatén anu perenahna di provinsi Jawa Barat, mibanda kakhasan anu mandiri nyaéta manisan jeung asinan khas. Cianjur Sohor di para wisatawan jeung pacinta kuliner lantaran rupa-rupa jinis Oléh-Oléh khasna anu teu bisa kapopohokeun.
Di antara rupaning pilihan oléh-oléh anu ngagugah rasa, Asinan jeung Manisan Buah Khas Cianjur tinangtu boga tempat sorangan anu istimewa.
Asinan Khas Cianjur: Seger, Lada, jeung Amis
Asinan nyaéta suguhan anu mikat kalayan paduan rasa seger, lada, jeung amis anu taya duana. Asinan Cianjur jadi boroan para wisatawan kuliner lantaran kalezatan katut citarasa khas anu salawaana ngondang selera.
Ieu suguhan téh dijieun tina campuran rupa-rupa buah seger kayaning buah ngora, bonténg jeung ganas anu disiksik laleutik. Buah-buahan ieu satuluyna dibanjur ku samara khas anu dijieun tina cai asem Jawa, gula beureum, cabé beureum, céngék jeung, uyah. Hasilna nyaéta sajian anu ngagoda selera kalayan paduan sénsasi lada, seger, katut amis anu unik.
Manisan Buah: Kalandep Rasa Anu kajaga
Manisan buah nyaéta rekomendasi kadaharan anu kacida ngeunah pikeun didahar. Cianjur sohor lantaran rupa-rupa jinis manisan buah anu luar biasa. Rupaning buah kayaning buah, salak, kadongdong, pala, jeung gedang jadi bahan utama pikeun manisan. Buah-buah éta diolah kalayan iatna pikeun ngajaga tekstur, rasa, jeung kalezatanana.
Manisan buah Cianjur nyaéta kombinasi sampurna antara rasa amis alami buah-buahan éta jeung tépaan samara anu lezat. Hasilna nyaéta opieun anu lemes, manis, tur nikmat anu cocog dipinikmat iraha baé.
Favorit Masyarakat Indonesia
Asinan jeung manisan buah nyaéta kadaharan anu kacida dipisuka ku masarakat Indonesia, utamana ku maranéhna anu nganjrek di Cianjur. Duanana lain saukur ngogo létah tapi ogé méré sensasi nyegerkeun, utamana mangaa cuaca keur panas. Kumaha rasana mangsa ngahuapkeun potongan asinan anu seger kana baham anjeun dina mangsa tengah poé éréng-éréngan?
Oléh-oléh Khas Cianjur anu Sampurna
Pikeun Anjeun anu néangan oléh-oléh pikeun kulawarga di imah, Asinan jeung Manisan Buah Khas Cianjur taya lian pilihan anu sampurna. Kalayan kemasan anu hadé jeung rasana anu moal kapopohokeun, oléh-oléh ieu baris mikat haté sakur jalmaorang anu narimana. Salian ti éta, méré oléh-oléh khas Cianjur taya lian cara ani éndah dina babagi pangalaman kuliner anu istimewa ka jalma-jalma deuheus Anjeun.
Jadi, mangsa Anjeun ngadongdon ka Cianjur, ulah kaliwat pikeun ngasaan Asinan jeung Manisan Buah Khas Cianjur ini. Salian nyugemakeun beuteung, Anjeun ogé mawa balik sapotong katineung manis tina lalampahan anjeun
Kontributor : Agus Rohmat
Ropéa Basa : Ris Bhuwana