Mikawanoh Cépot Anak Semar Panggedéna anu Loba Pamolah Tur Dianti Dina Saban Pagelaran Wayang Golék.

Kiwari.co.id – Tangtuna sakur urang Sunda atawa jalma anu cicing di tatar Sunda geus moal bireuk kana hiji tangtungan wayah anu anu boga pamolah pikaseurieun tur mibanda beungeut warna beureum. Nya taya lian éta Cépot atawa Astajingga budak Semar anu cikal. Saha ari Cépot téh? Hayu urang wawanohan jeung tangtungan panakawan Pandawa hiji ieu!

Si Cépot téh mangrupa hiji tangtungan wayang nu pinuh ku ‘seléra humor’ atawa resep heureuy jeung banyol, sarta kiwari geus jadi ‘ikon / icon’ dina pagelaran wayang golék. Malah nepi ka aya nu nyebut, “Lain urang Sunda kasebutna ari teu apal ka Si Cépot mah”. Sakumaha nyongcolangna si Cépot téh nepi ka jadi ‘icon’ pawayangan di tatar Sunda?

Cépot atawa Astrajingga, budak cikal Semar Badranaya anu dumuk di lembur Tumaritis désa Tegalgorowong.
Si Cépot, atawa nu dina pawayangan mah dibéré ngaran Astrajingga, mangrupa salah sahiji inohong nu aya dina pawayangan, khususna mah dina seni wayang golék. Manéhna mibanda beungeut nu warnana beureum jeung huntu handapna nu gedé tur nonjol ka luhur. Warna beungeut nu beureum téh di’tafsir’keun ku kitab pawayangan mah mangrupa gambaran tina pasipatan nu goréng. Si Cépot ieu boga ciri ku sok resep ngabodor, mangrupa anak ka hiji tina tilu sadudulur ti pasangan Semar Badranaya jeung Sutiaragén. Tapi nu saenyana mah Si Cépot téh mangrupa anak angkatna Sanghyang Ismaya (semar) nu diciptakeun tina kalangkangna sorangan pikeun maturan Semar nalika dipiwarangan atawa jadi panakawan ku Sanghyang Tunggal pikeun ngabdi ka Trah Witaradya (Ksatria). Ari adi adina nyaéta Dawala nu irungna panjang jeung Garéng nu irungna buleud.

Ngaran Astrajingga éta asalna tina dua kecap, nyaéta Astra anu hartina beungeut jeung Jingga anu hartina beureum tur ngalambangkeun kalakuan goréng téa. Jadi Astrajingga téh mangrupa kalangkang tina pasipatan kalakuan anu goréng, saumpamana rapotna boga angka beureum.

Ngan mahiwalna, sanajan Si Cépot pikakeuheuleun jeung loba pamolah, ayana diri manéhna dina unggal pagelaran pawayangan teu weléh diarep arep. ku sabab lucu pamolahna Si Cépot dumasar kana pikukuh, norma, jeung papagon hirup, nu matak ngabodorna téh bisa katarima ku sakabéh golongan. Heureuyna gé sok ngeunaan hirup sapopoé. Manéhna boga watek satia satuhu, ka mana waé bapana indit teu weléh nunutur. Leuwih ti éta manéhna satia satuhu ka nagarana, nu dibuktikeun / ditémbongkeun ku kawani ngalawan buta héjo, wadia balad Kurawa, nalika mélaan nagarana.

Ku sabab watekna anu resep heureuy, loba nu mikaresep ka inohong anu hiji ieu, tur ngajadikeun Si Cépot jadi kakoncara ka mana mendi. Mun geus datang heureuyna manéhna mah tara tumpa tumpa. Nyanghareupan sasaha gé sok kaluar heureuyna, boh nyanghareupan Sinatria nu Maha Sakti, boh nyanghareupan Raja, malah nepi ka nyanghareupan Déwa ti Sawarga Maniloka waé ogé, ngan heureuy wé pamolahna téh. Ngan di satukangeun heureuyna téh sok diselapan ku piwuruk, papatah, jeung pituahna. Teu jarang manéhna méré paido atawa kritikan ka pamaréntah.

Paripolah tur ucapannana téh sok pirajeunan umajak pikeun urang paheuyeuk heuyek leungeun paantay antay tangan, umajak satia satuhu, umajak cangéhgar, jeung umajak béla kana bebeneran. Numatak kitu, Dalang ilaharna ngamaénkeun Si Cépot pikeun nepikeun peupeujeuh, umpamana baé kiritik ka pamaréntah, atawa nepikeun papatah ku cara sindir sampir nu nyamuni dina sajeroning heureuyna, améh bisa katarima ku sararéa.

Si Cépot, Bapana, reujeung adi adina dina pawayangan kaasup golongan Panakawan, nyaéta golongan nu ngabdi jeung boga tugas méré piwejang atawa méré pituah wijak ka para Pandawa. Dina hiji pagelaran Wayang Golék, Panakawan ieu biasana sok dipintonkeun di tengah tengah carita pawayangan nu keur diguar, nya maksudna mah méh nu nongton tiasa rinéh jeung bisa seuseurian, teu anteb saregep teuing.

Aya kalana Si Cépot sok kabandungan maturan para sinatria, utamana mah Arjuna jeung Madukara. Milu makalangan lir sinatria, gagamannana anu paling diandelkeun ku manéhna téh Bedog betekok nyaéta pakarang mangrupa bedog anu gedé ngan pondok. Mémang mahiwal inohong wayang nu hiji ieu, loba perkara anu hadé dipikaconto ti manéhna. Aya peupeujeuh di satukangeun tangtungan manéhna, yén Si Cépot mangrupa gambaran ti rahayat cacah kuricakan anu lantip, satia satuhu, beuki heureuy, ogé wani dina lebah méla bebeneran.

Ropéa basa: Agus Rohmat
Sumber: Wikipedia

Paling Kasohor

Tentang Kiwari

Portal berita sunda

Kontak Kiwari

Informasi lebih lanjut, kirim kami pesan